Wilujeng Sumping di Situs Guru Rantau Curugtelu - Culamega - Tasikmalaya - Jawa Barat

DONGENG SUNDA OYON




Aya hiji lembur anu deukeut jeung pasir  nangtawing, ngaranna Cigurawés. Lemur Cigurawés perenahna di Désa Gurawil Kecamatan Cigurampél. Di lemur éta téh hirup hiji kulawarga anu kaayaannana pikawatireun pisan. Imahna ogé ku hateup, ukurannana kira-kira tilu ka li
ma méter, malah mah lamun hujan sok balocor. Pangeusi imahna aya dua urang, hiji awéwé kolot anu ngaranna Bi Unya  umurna kira-kira 48 tahun jeung hiji budak  lalaki anu ngaranna Oyon umurna kira-kira 22 tahun.
Dina hiji poé maranéhna paguneman, ”Jang ema téh mikirkeun kaayaan kahirupan urang anu sakieu kaayaanna, naha ujang teu boga pikiran ka palebah dinya?”  Oyon némalan, ”naha ari ema, hirup sakieu ogé kurang kumaha?” Indungna némpas,” Iih ... ari ujang, naha teu hayang hirup modél batur, imah alus jeung gedé, sawah boga, katut kendaraan mani hiji séwang,” “Kuring ogé lain teu hayang modél batur, ngan kumaha atuh carana, da geuning néangan pagawéan téh sakieu héséna,” Oyon némpas. “kumaha atuh lamun ujang usaha ka kota, da dina poé kamari amang hidep nu di Bandung nelepon ka nyi Amah, ceunah mah aya lowongan pagawéan di pabrik anu ngaranna “PT Angin Ribut, kumaha naha Ujang daék? Ceuk inungna pinuh ku pangharepan sangkan anakna daék usaha. “Aah, bosen ma, hayoh waé ngobrolkeun usaha, keun engké deui, ayeuna mah kuring mah rék ulin,” ceuk Oyon bari ngajéngkat. ”Iiih ari ujang, teu beunang di omongan,” ceuk inungna bari neuteup ka anakna  anu kaluar ti jero imah. ”keun waé isuk deui ngobrolna ma, kuring mah rék ulin heula’ ceuk Oyon bari ngaléos teuing kamana. Dina waktu harita indungna ngagerentes dina haténa,”Euh budak téh kitu waé, Ya Allah pamugi pun anak di geuing manahna sangkan daék usaha!” kitu ceunah, bari neuteup ka anakna anu ngagedig nepi ka ngiles tina teuteupannana.
Saminggu ti harita Bi Unya jeung Oyon paguneman deui, malah mah oyon ogé keur aya di luar imah. “ Jang.., jang.. kadieu geura, ema aya piobroleun!” “ Aya naon atuh ma! Ceuk Oyon némalan ti luareun imah. “kadieu kasép, urang ngobrolkeun anu minggu kamari téa,” ceuk Bi Unya. Harita Oyon teu talangké, malah mah tuluy waé asup ka Imah bari mawa anyaman carangka.”Sok diuk didinya, ema rék nyarita!” ceuk Bi Unya. “Kumaha Ujang téh, daék usaha ka kota téa? Oyon ngahuleng sajongjongan mah, tuluy némalan, “enya keun baé atuh ma, kuring rék indit ka kota,” Bi Unya Ngahuleng, malah mah ngagerentes dina haténa” Alhamdulillah Gusti, geuning pun anak téh geus aya kahayang pikeun usaha. “Syukur atuh ari ujang geus boga kahayang mah, ema ogé jongjon ayeuna mah. “Iraha Ujang Initna? Tanya Bi Unya. “keun waé isuk Ma, ceuk Oyon bari ngadekul nganyam carangka. “ Jang, atuh ema kudu tatahar pikeun piiniteun isuk,” ceuk Bi Unya. “Aaah, keun baé ma, kuring mah meureun rék mawa baju tilu potong jeung duit wé Rp 20.000,-. Bi Unya ngahuleng sakedapan tuluy nyarita deui,” kumaha Ujang? ema teh keur teu boga duit, tapi kétang Rp 10.000,- mah boga,” Oyon némalan deui,”Atuh ma, duit Rp 10.000,- mah moal cukup keur ongkos naék beus ogé,” “enya nya, keun waé atuh ema rék ikhtiar heula, nginyeum ka Juragan Samhudi,” témpas Bi Unya bari nangtung tuluy ngaléos kaluar ti imah bari nyarita,”Jang ke dagoan heula sakeudeung, ema rék ka Pa Samhudi!”. Oyon ngaenyakeun kana caritaan indungna.
Salila di perjalanan, Bi Unya paamprok jeung Aki Uhdi anu geus balik ti leuweung, malah mah nanya, “ Rék kamana Unya mani jiga nu rusuh?” Bi Unya némalan, “Nyéta mang kuring téh rék aya kabutuh ka Juragan Samhudi,” “ Butuh naon manéh téh? Bi Unya némal deui,”Puguh budak arék init ka Bandung, ngan teu boga keur piongkoseun,” dina waktu harita Mang Uhdi ngan ukur ungut. “manga atuh Mang!” ceuk Bi Unya. “Heueuh atuh! Témal Mang Uhdi.
Saanjogna ka imah Juragan Samhudi, Bi Unya tuluy ngadeukeutan panto, tuluy keketrok bari uluk salam,”Assalamualaikum.. Assalamualaikum!. Geus sababaraha lila euweuh anu némalan, meureun jelemana keur areuweuh di imah. Harita téh Bi unya ngarérét ka palebah gigireun panto, ari pék téh aya bél, tuluy dipencét meunang tilu kali, tingteng  … tingteng … tingteng. Teu kungsi lila kulutrak panto aya anu muka, “Aéh geuning Bi Unya, manga ka lebet!” ceuk hiji wanoja anu nengo ti jero imah. Bi Unya teu talangké, tuluy asup ka jero, bari rada asa-asa ogé  tuluy diuk. Meureun éra asup ka imah jelema beunghar mah. Tuluy Bi Unya tumanya ka éte mojang,”Néng, dupi tuang rama nuju aya di bumi? “Aya Bi, ké antosan ku abdi urang pilari,”témal éta wanoja bari méngpéos ka dapur. Teu kungsi lila torojol wé jelema anu kaayaannana geus tengah tuwuh. Singhoréng éta téh Juragan Samhudi anu kabeneran aya di imah. Bi Unya tuluy nangtung bari pok nyarita,” Aéh Juragan, kumaha damang? Ceuk Bi Unya bari nyolongkrongkeun leungeun ngajak sasalaman. “Alhamdulillah ayeuna mah cageur, sabalikna kumaha Ibi cageur?” temal Juragan Samhudi. “Bi Unya némalan,” Alhamdulillah Juragan,” Juragan Samhudi némpas deui, “ Bi ulah nyebut Juragan ka kuring mah éra, sebut waé amang kitu,” Bi Unya némal deui, “iih, isin atuh abdi,” Juragan Samhudi némpas deui, “Keun baé, ké..ké..ké... aya perlu naon Ibi téh? asa rareuwas ”. Bi Unya némalan,”Puguh juragan,” “aéh ari Ibi Juragan-juragan deui, Amang Kitu! Témpas Juragan Samhudi. “Muhun atuh A..A..mang, temal Bi Unya bangun anu asa-asa. “Kieu Amang, pun anak téh bade mios ka Kota, mung teu gaduh kango ongkosna,” ceuk Bi Unya bari bangun nu éra pisan nyaritana téh. “Ooh kitu, sabaraha butuh duitna? Saur Juragan Samhudi. “ Rp 10.000,- upami ay amah,” “geuning ngan saeutik nginyeum duit téh, tah aya Rp 50.000,-“ ceuk Juragan Samhudi bari ngasongkeun duit anu warna biru.” Bari jeung éta mah lain nginyeumkeun, tapi méré ka Ibi, kabeneran kuring waktu kamari meunang milik gedé. “Atuh mang isin ah! Barina ogé peryogina  mung Rp 10.000,-. Juragan Samhudi sasaur deui,”keun baé atuh, peupeurihen méré ngahaja teu bisa, atuh ayeuna mah mungpung panggih,” Bi Unya dina waktu harita bangun rada rampang –reumpeung  narima duit téh, meureun reuwas pacampur jeung bungah, tuluy waé nemalan,”Nuhun atuh A..A..mang!” dina waktu harita Juragan Samhudi mung ukur gumujeng ningalikeun polah Bi Unya anu bangun éra pisan nampa duit téh. “Enya, jig ayeuna mah paké ete duit sing mangfaat kitu ka Oyon,”waler Juragan Samhudi. “Muhun atuh amang, nuhun pisan kana kasaéannana, mugia artos nu di paparinkeun ka abdi sing digentosan ku Allah SWT, ku anu lipat ganda, amiiin,”temal Bi Unya bari harita téh nyurucudkeun cipanon, meureun kagagas ku bageurna Juragan Samhudi. “Heueuh, ulah loba omong Bi, jung sing lancar usaha Oyon téh.”Ti saengeus amitan, tuluy Bi Unya kaluar ti bumina Juragan samhudi bari kaayaan haté anu bungah.
Teu kacaritakeun di perjalanan, Bi Unya anjog ka imahna, geus aya dihareupeun imah tuluy nyalukan anakna, “Jang..Jang, aya di imah?. Ti jero imah Oyon némalan,” aya ma, kumaha hasil nginyeum duit téh?”Alhamdulillah Ujang ema téh hasil, malah mah kalah meunang milik gedé,”ceuk Bi unya bari asup ka jero imah. Oyon némpas,”milik naon ma, mani bangun anu bungah?” “Ujang maksud ema datang ka Juragan Samhudi téh rék nginyeum duit Rp 10.000,-,tapi geuning kalah dibéré Rp.50.000,-,éta ogé bari méré deuih” “ah,maenya?” témal Oyon bangun hookeun ku kanyataan anu dirandapan ku indungna. “Enya puguh, ema ogé reuwas pacampur bungah, kakaraeun Saumur hirup narima duit paméré ti batur. “Enya ma, Alhamdulillah ieu mah milik ti Gusti Nu Maha Suci,” témal oyon bari diuk dina korsi anu kaayaannana geus butut. “Jang, ayeuna geus beurang geuning, naha Ujang geus dahar?” Tanya Bi Unya. “ encan Ma, da bobokona ogé kosong,” témal Oyon. “Enya, ema téh poho, yén di imah téh euweuh béas, jig atuh meuli béas heula ka Marni!” Oyon teu talangké, tuluy nampanan duit ti indungna paméré ti Juragan Samhudi anu jumlahna Rp 50.000,-téa. Jrut waé Oyon turun ti imah tuluy harita  ngagedig nuju warung marni anu jarakna teu pati jauh ti imahna. Saanjog ka warung Marni, Oyon pupuntenan,” punten.., punten!” Ti jero warung aya nu némalan, singhoreng téh Bi Marni anu keur mérésan dagangannana,” manga.., aéh geuning Jang Oyon, peryogi naon Jang?” Oyon némalan, “Puguh Bi peryogi béas dua kg, naha aya?’ “nyonong jang, ké sakedap Ibina nuju pameng,” ceuk Bi Marni bari rusuh mérésan dagangannana. Saenggeus bérés Bi marni nyampeurkeun ka jero warung, bari nyokot béas tina jero karung. Satuluyna Bi Marni ngilo béas sakumaha anu dipikahayang ku Oyon. Sanggeus bérés ngilo tuluy diasongkeun ka Oyon. “janten Sabaraha Bi? Oyon nanyakeun piduiteun béas dua kg. Bi marni nemalan, “Rp 10.000,- Jang! Oyon ngasongkeun duitna bari ijab kobul,”Nyanggakeun Bi artosna nampi béasna, pamugi sing aya manfaatna kango sadayana,” Bi Marni nemalan,”Muhun Jang sami-sami,” Manga atuh Bi! Oyon bébéja rék balik. “Muhun manga atuh” ceuk Bi Marni. “Ké..ké Jang Ibi téh meunang béja, yén ujang téh badé ka Bandung, Muhun éta téh?” “Muhun Bi, énying malih mah miosna ogé, nyuhunkeun pidu’ana waé ti sadayana,” Bi Marni nyarita deui, “ muhun atuh Ujang, sok sanaos teu di suhunkeun ogé tangtu ku Ibi didu’akeun sing salamet jeung lancar usahana. “Amiiin,” temal Oyon bari leumpang nuju ka Imahna.
Salila leumpang Oyon ngagerentes dina haténa,”Kuring rék init ka kota, ceunah mah rék usaha, naha bakal hasil kitu? Ah meureun mun keyeng mah bakal pareng,” teu kacatur di perjalanan ka imah, Oyon tepi ka imahna, tuluy asup. “Ma.., Ma.. ieu béas teh!” ti jero imah inungna némalan, “Enya Jang, sok simpen dina boboko, engké ku ema rék diisikan,” Oyon nyimpen béas di dapur, tuluy diasupkeun kana boboko sakilo. Saenggeus sababaraha detik meureun jol inungna nyampeurkeun bari nyarita,”Jang tadi di warung aya saha waé?” Oyon nemalan,”Euweuh sasaha ma, ngan ukur Bi Marni wungkul, malah mah geus apaleun Oyon rék ka Bandung,” Inungna ngan ukur ngaenyakeun wungkul, bari tap wé kana boboko tuluy dikélék, meureun arék dibawa ka cai.
Saenggeus aya kana dua jamna, sangu téh asak, tuluy bi Unya ngagoreng deungeunana. Dengenana ogé saaya-aya ma’lum kaayaan jalma teu boga. Malah mah ngan ukur goreng peda wungkul, éta ogé anu sésa kamari. Satuluyna Bi Unya Ngagelarkeun sangu jeung deungeunana di dapur, katut nyayogikeun jojodogna.“ Jang hayu urang ompréng!” ceuk Bi Unya. “Enya Ma, kuring geus teu kuat lapar titatadi,” temal oyon bari ngagurutak ka dapur. Da enya deuih Oyon jeung inungna téh karék dahar jam 11an bari isuk-isuk teu ngadahar naon-naon. Barang geus diuk dina jojodog, teu taamparah deui tuluy Oyon ngeduk sangu bangun anu lapar kacida, tuluy motongkeun goréng pedana. Tapi sok sanajan rusuh ogé Oyon teu petot ngadu’a heula samemeh am, geus ngadu’a mah celebek waé dahar bangun nu nikmateun. Malah mah geus béak sapiring, Oyon ngeduk deui sangu. Saréngséna dalahar Oyon kokocok ka luar bari teurab eueureuleuan, meureun wareg teuing.“Alhamdulillah Ma, mani wareg kieu” Bi Unya nembalan,”Enya Jang ema ogé sarua, geuning nikmat pisan dahar téh. Bi unya nyarita téh  bari meresan piring jeung batok urut dahar jeung nginumna
Sanggeusna dalahar kira-kira jam 11.30 maranéhannana dariuk deui di rohangan imah bari ngobrol. Anu muka caritaan téh Oyon, “Ma sabaraha bungkus gula anu rék dibawa ku kuring téh?” kitu pokna. ” 3 bungkus Jang, cukup meureun da keur Amang hidep wungkul,” ceuk inungna bari nangtung nyokot gula anu geus dibungkus. Tuluy éta gula diasongkeun ka Oyon bari nyarita,”Sok Jang geura wadahan kana kantong, ambeh jongjon!” Oyon nampanan gula bari geuwat diasupkeun kana kantong anu kaayaannana geus ladig, éta ogé kantong paméré ti tatangana urut sakola ceunah. Sanggeus Oyon ngasupkeun gula manéhna téh muka lomari, tuluy milih baju anu rada alus kénéh. “ Ma, rék mawa 3 stél wé baju téh, keur mah euweuh deui .” “Enya, kumaha Ujang wé, ema mah teu apal,? Kitu ceuk inungna bari nempokeun paripolah anak anu keur ngadekul milih baju. Dina haté Bi Unya ngagerentes,” eueuh karunya teuing anaking, hidep kudu init ningalkeun lemur pikeun melaan anu jadi inung,” ceunah bari nyurucudkeun cai panon. Nu di upatna mah jongjon waé mérésan baju. Sanggeus tatahar kabéh pakakas  pikeun indit isuk, ngong wé kadéngé adan lohor di masjid. Tuluy Oyon ngajéwang sarung, ceunah mah rék milu berjama’ah di masjid. Oyon mah enya ogé budak tamatan SMP, tapi kana ibadah mah teu hésé malahmah kawilang getol pisan.
Kacaturkeun  wanci subuh kira-kira jam 05.00, Oyon geus saged pikeun indit ka Bandung. Dina waktu harita indungna keur nyayogikeun sarapan di dapur. “Jang kadieu, sangu geus asak!” gero Indungna, Teu kungsi lila Oyon norojol dina kaayaan geus saged maké baju anu rada pantes. “Jeung naon deungeunana Ma? Asa rada haroréam dahar isuk-isuk mah,” pokna. “Kop tah jeung goréng enog, kabeneran ‘Si Danten “ngenog”, ceuk indungna bari ngasongkeun sangu dina piring. Oyon dina waktu harita ngadekul sarapan bari rada horéam ogé. Teu kungsi 5 menit daharna geus anggeus. “ Kadé Jang ulah rusuh teuing, bisi aya anu tingaleun,” ceuk inungna. “ moal atuh Ma, da geus tatahar ti kamari kénéh,” indungna ngan ukur ungut ku caritaan Oyon téh. “ Ma, kuring rék indit ayeuna,” ceuk Oyon bari nyolongkrongkeun leungeun ka indungna. “Jung atuh Jang, sing salamet bari hasil maksud,” dina waktu harita indungna murubutkeun cai panon, ku arék miangna anak hiji-hijina téh. Jrut waé Oyon turun ti imahna kalayan léngkah anu pasti bari ngadu’a heula. “Manga Ma, assalamualaikum! “ Waalaikum salaam! Témal indungna bari neuteup Oyon anu geus ngalengkahkeun sukuna, nepi ka leungit dina péngkolan.
Kacaturkeun di satengahing perjalanan anu ngaliwatan leuweung luwang- liwung jauh kaditu kadieu, manéhna leleson heula meureun capé. Gék wé manéhna téh diuk dina catang kai anu aya di sisi leuweung. Geus meunang sababaraha jongjongan jeung kesang tuhur, tuluy manéhna nuluykeun lumampahna. Kira-kira sa jam ti harita Oyon anjog ka jalan désa, malah mah kabeneran aya ojeg ngaliwat. “Jang rék kamana? Hayu ah kana ojég!” ceuk tukang ojég bari eureun gigireun Oyon. Dina waktu harita Oyon ngahuleng heula ku ditawaran naék ojeg téh. Pikirna, naha duit anu di bawa téh cukup nepi ka Bandung lamun ka terminal naék ojég. “Sabaraha Mang ongkos ojég ka terminal téh?” oyon nanya ka tukang ojég. “ Keun baé Jang Rp 5.000!” temalna. “Kumaha mang lamun Rp 3.000,-, tiasa moal?” Dina waktu harita tukang ojeg ngahuleng meunang sajongjongan, tuluy nemalan,” Sok waé Jang bari sakalian balik ayeuna mah,”. Meureun tukang ojég téh rék balik ka imahna anu ayana  deukeut terminal. Clak waé Oyon naék kana motor. Salila di perjalanan, tukang ojég nanya ka oyon,”Badé kamana Jang? Jiga-jigana mah rék indit jauh.” Oyon némalan, “Puguh mang abdi téh badé ka Bandung,” Tukang ojég némpas deui,”Ooh, muhun,” Jius waé ojeg nyemprung nuju ka terminal. Meunang 20 menit, Oyon nepi ka terminal. Jrut manéhna turun bari ngasongkeun duit anu jumlahna Rp 3.000,-. “Nuhun Mang!” ceuk Oyon. “Sawangsulna Jang,” témal tukang Ojeg.
Dina waktu harita kaayaan di terminal téh sakitu raména, malahan mah mani heurin  usik. Oyon tuluy ngadeukeutan tempatna beus mangkal.“Jakarta..  jakarta.., Bandung..  Bandung.. Bandung!” ceuk salasa urang jalma anu aya deukeut panto beus. Meureun éta teh kenék beus atawa kondékturna anu nawarkeun jurusan. Oyon nyampeurkeun eta jelema, tuluy nanya,”Kang ka Bandung Beus téh?” Kenék Beus nemalan,”Muhun Jang, sok naék! Kabeneran ayeuna indit da geus rada pinuh. Cat waé Oyon naék beus, geus di jero oyon nempoan jok anu kosong kénéh. Kabeneran jok anu jajaran kalima ti hareup anu kosong keneh téh. Sangges beus pinuh pisan, tuluy waé beus maju lalaunan, atuda panumpangna aya anu can diuk. Di gigireun jok anu didiukan ku  Oyon aya hiji nini-nini anu masih nangtung kénéh. Manéhna mikir, tuluy ngagerentes dina haténa,”emh, karunya nini-nini téh nangtung,” Tuluy Oyon nawaran jok anu didiukannana ka si nini bari manéhannna nangtung, ”Nini, manga atuh di palih dieu!” Si Nini némalan, ”Nuhun atuh Ujang, ”bari gék waé diuk. Meureun manéhna téh geus cangkeul. Sanggeus diuk si nini ngahuleng bari ngagerentes dina haténa, “Ehm, bageur ieu budak téh, nepi ka daék nangtung demi kuring,” Salila 2 jam Oyon nangtung, da can aya panumpang anu turun. Dina waktu harita Oyon teu loba ngarahuh, malahan mah asa sugema geus méré kangeunahan ka Si Nini. Di palebah Garut aya panumpang anu turun, malahan mah aya kana opatannana. Kaayaan jok beus jadi lowong, gék waé Oyon diuk teu jauh ti Si Nini. Palebah Cicaléngka, kenektur nyampeurkeun ka Oyon, tuluy ngasongkeun karcis anu jumlah duitna teh Rp,20.000,-. Oyon ngodok saku ngaluarkeun duit Rp 20.000, tuluy dibikeun ka konéktur.
Kacaritakeun beus jurusan Jakarta nu di tumpangan ku Oyon téh geus tepi ka kota Bandung, malahan mah ereunna téh di terminal Cicaheum. Waktu harita Oyon turun tina beus bareng jeung Si Nini téa. Sanggeus aya di luar, Oyon tumanya ka Si nini,” Ni, badé angkat ka mana?” Si Nini nemalan,” Puguh Nini téh rék nganyang kanu jadi incu anu alamatna  di Lédeng,” oyon némpas deui,” Naha Nini téh angkat nyalira waé?” Si Nini némal deui,” Enya jang, da puguh di lemur téh euweuh dulur anu deukeut,” Teu kungsi lila aya jelema anu ngagorowok,” Ledeng ... Lédeng ... Lédeng!” pokna téh. Si nini curinghak barang ngadéngé aya anu nawaran jurusan Lédeng téh. “Jang manga atuh, Nini rék naék angkot, nuhun ujang tos nulungan nini,” Oyon némalan,” Sawangsulna Ni, manga atuh Ni éngal naék!” Oyon waktu harita nuyun Si Nini nepi ka asup ka jero angkot. “Manga atuh Jang!” ceuk Si Nini. “Manga Ni, sing salamet dugi ka tujuan.”  témal Oyon.
Satuluyna angkot anu narik Si Nini, Oyon tumpa-tempo ka palebah jalan sugan aya angkot anu jurusan ka Andir. Teu kungsi lila aya angkot anu jurusan Andir, clak waé Oyon naék kana angkot. Salila di perjalanan Oyon mikir kumaha pipetaeun sanggeus tepi ka imah Amangna. Teu karasa, angkot geus tepi ka tempat anu dituju. Reg waé angkot  eureun sangges Oyon nyebut,”kiri.. kiri..!. Jrut waé oyon turun tina angkot bari mayar ongkosna. Sanggeus turun tina mobil Oyon luak-lieuk ka kénca jeung ka katuhu kulantaran kudu meuntas. Jaba kaayaan di kota mah rada hésé mun meuntas téh, kulantaran loba pisan kandaraannana. 
Kaayaan di kota mah motor jeung mobil geus teu anéh deui, sumawonna béca jeung sepéda mah. Dina waktu harita Oyon luak-lieuk kawas anu aya ditéangan, malah mah ngagerentes dina haténa,” Mana nya Gang H. Ujang téh?” Barang ngalieuk ka belah katuhu anu deukeut warung sangu, katempoeun ku Oyon aya plang leutik. Tulisannana téh Gg H. Ujang, atuh atoheun pisan  da éta anu ditéangan ku Oyon téh. Satuluyna Oyon leumpang mapay gang bari luak lieuk ka saban imah sugan kapangih imah anu no 15. Teu kungsi 5 menit Oyon geus mangih imah anu no 15. Gerentesna,” ehm .. ieu meureun bumi amang téh,” bari nyampeurkeun ka hareupeun panto.  Oyon ngaragamang arék ngetrok panto, tok .. tok.. tok … ! asalamualaikum ..asalamualaikum …asalamualaikum!” Ti jero imah aya anu némalan”walaikum salaam” Kulutrak panto muka, lol aya budak anu nengo ti jero. Dina waktu harita Oyon tumanya,” Jang, ari Amang Budi aya?” Budak téh nemalan,” Teu aya, nuju didamel,” Teu kungsi lila aya deui anu norojol ti jero imah téh, Singhoréng téh Ibina. Aéh Jang tara – tara tisasari nganyang kadieu!,  kitu pokna. Caritaan ibina rada ogé nyentug kana hate Oyon, tapi Oyon teu loba omong. Pok waé Oyon tumanya deui, “ Bi dupi amang  kamana?’ Ibina némalan bari bahasana rada teugeug,” Nya digawé Jang wayah kieu mah, sok kajero! Oyon rada ngahuleng ditémalan kitu ku Ibina téh, tuluy asup ka jero imah. Kawasna téh ibina kurang panuju ku datangna Oyon kadinya. Malah mah sangges Oyon aya di jero Ibina  ngan ukur méré cai hérang wungkul. “Bi nga ieu gula ti Ema, hapunten ceunah mung sakieu kieuna,” ibina Oyon némalan, “ nuhun Yon!” kitu bari rada teugeug. Dina waktu harita ogé Ibina teu nyanghareupan, malah mah jongjon waé numpi di jero imah. Meunang sajam leuwih Oyon diuk, malah mah kawilang rada keseleun. Teu kungsi lila kadéngé di luar aya motor ngagerung tuluy eureun. Singhoréng téh amangna geus balik ti pagawéannana. “Mah .. mah .. canak ieu yeuh, ceunah. Ibina oyon norojol ka hareupeun imah, tuluy nyarita,”Aéh bapak tos mulih, nyandak naon pak?” Amang Oyon Ngawaler,” Ieu roti bakar keur Si Hasan,” Ibina Oyon langsung ngjéwang kérésék anu di bawa ku salakina, tuluy dibawa ka jero imah. Amangna Oyon nyarita deui,” Mah, kadé ceuk mang Usep setor listrik hilap,” Ibina Oyon némal deui,” Manga Pak,”  Sigana mah Amangna Oyon can apaleun aya alona di jero. Sup waé manéhna ka jero imah, barang asup tuluy ngarérét ka lebah korsi tamu. “Aéh geuning, aya Alo, kmh damang? Kumaha anu di lalemur, calageur? Oyon némal pananya amangna,” Pangésto Mang sadayana ogé damang,” Amangna némal deui, “ Syukur atuh ari daramang mah! Mah, naon atuh lalawuhna? anu nembe candak kadieu geura!,” Ti palebah dapur Bibina Oyon némalan,” Pak, kadieu heula sakedap! Harita Oyon mairan,” wios Mang enging ngarépotkeun, sakieu ogé cekap.” Amangna némal deui, “Wios atuh Jang, ngarepotkeun naon? Da adatna kieu jeung dulur mah,” Tuluy Amangna ngaléos nuju ka dapur. Geus aya di dapur tumanya ka pamajikannana, “ aya naon mah?” Pamajikannana nemalan kieu,” Ari Bapak, pan roti mah keur Si Hasan, kalah ditawarkeun ka Si Oyon,” kituna téh bari rada ngadilak ka salakina. Amangna Oyon nyarita kieu bari rada ngaharéwos,” Iiih … ari mamah, baé atuh karunya, keun waé Si Hasan mah meuli deui!” pamajikannana némal deui bari rada molotot,” Ah! Ari bapana kawasnu boga duit waé, pan urang téh keur sakieu susahna,” Amangna Oyon waktu harita teu némal deui, jigana mah rada sieuneun ku pamajikannana. Geus gunem kitu tuluy amangna Oyon nyampeurkeun deui ka Oyon bari nyarita,” Alo, hampura amang tvh teu bisa nyugemakeun, da geuning kieu kaayaannana.” Oyon némalan,” Wios Mang, enging ngarépotkeun! Waktu harita kaayaan beuteung Oyon kukurubukan, malah mah kawilang geus lapar pisan. Manéhna ngagerentes dina haténa,” Kumaha yeuh beuteung lapar, keun bae ah sugan kuat nepi ka engké. ”Amangna oyon tuluy tumanya,” Alo, aya naon asa rareuwas amang mah,” Oyon nemalan,” Mang waktos dinten Kemis Ema kantos nyarios yén aman nelepon, saurna aya lowongan padamelan di PT Angin Ribut, leres éta teh Mang? Amangna waktu harita rada ngaheruk, tuluy nyarita “puguh Alo, barang ningali alo ogé amang téh reuwas, da lowongan pagawéan anu dibéjakeun téh geus aya nu ngasupan,” Dina waktu harita Oyon ngarenjag, tuluy nemalan, ”Leres éta téh Mang?” Amangna némalan kana pananya Oyon, “ Leres Yon, puguh amang téh asa heurin létah arék ngabéjakeun kaayaan kieu, karunya wé ka Alo anu ngahaja-haja datang kadieu,” “Wios Mang, ieu mah tos milik abdi kedah kieu,” ceuk Oyon bari rada ngaheruk.
Kacaritekeun pasosoré, kaayaan Oyon can dahar sangu, susuguh ogé ngan ukur bala- bala anu geus caméwék. Meureun bala-bala anu meunang kamari mah. Kira-kira jam lima soré, Oyon bébéja ka Amangna, kieu pokna téh,” mang permios, abdi badé kaluar heula.” Amangna nemalan, ‘ Badé kamana Alo? Ieu geura sangu heula,” pokna téh bari rada luak-lieuk ka palebah dapur jiga anu sieun. Meureun Amangna téh kawilang lalaki anu kacida sieun ku nu jadi pamajikannana. Oyon nyarita deui, “ wios mang, Abina badé ningalian kaayaan di kota,” ceuk Oyon bari nangtung, tuluy kaluar. manéhannana ngaleos ningalkeun imah Amangna, anu tujuan sabenerna mah arék neangan warung sangu.
 Salila di perjalanan Oyon mapay-mapay jalan gang nu hareurin jaba mani bararau, meureun pangaruh tina Cikolomeran nu aya di sabudeureunnana. Kira-kira sapuluh menit manéhna anjog ka sisi jalan anu ramé ku kanaraan. Oyon luak-lieuk néangan warteg anu aya di sisi jalan éta. Di palebah stopan aya hiji warteg, anu kaayaan harita ramé kunu dalahar. Oyon nyampeurkeun ka palebah warung, tuluy asup. “ punten! Ceuk Oyon. Ti jero warung aya anu némalan, meureun tukang sangu, “ Manga,” “Bi punten sangu hiji,” ceuk Oyon. “manga jang, “ temal tukang sangu. Teu lila tukang sangu ngasongkeun piring jeung sanguna, tuluy Oyon ningalian deungeuna anu geus ngagelar dina meja. Kop waé manehna nyokot goreng enog hiji tuluy ditumpangkeun dina luhur sangu. Celebek waé manéhna dahar bangun anu ngeunah, malah mah sanggeus béak sapiring kaayaan oyon jiga hayang kénéh. Waktu harita Oyon teu wani pesen deui, kulantaran dina haténa duit anu aya dina sakuna pas-pasan.
Kacaritakeun Oyon geus lekasan dahar, tuluy manéhna mayar urut dahar ka tukang sangu. Sabarahaeun Bi? “Naon waé jang rencangna?” Ceuk tukang sangu. “Enog wungkul Bi!” temalna. “Oh, 6000 jang,” ceuk tukang sangu.  Sanggeus mayar urut dahar  manéhna leumpang teuing rék ka mana, jigana mah bingung ku pilampaheun. Manéhna mikir, balik deui ka Amangna rada asa-asa kulantaran galagat Ibina anu jiga kurang narima ku kadatangannana. Geus jauh ti warung sangu, Oyon leumpang deui bari teu puguh anu dijugjug. Meunang 10 menit leumpang, Oyon nepi ka pasampangan jalan anu ramé pisan. Harita katempo kendaraan anu balawiri. Dina waktu harita manéhna ngajengjen di sisi jalan bari mikir. Meunang sababaraha jongjongan Oyon ngahuleng, malah mah ngagerentes dina haténa,” Kamana yeuh ayeuna, jaba dulur téh euweuh deui jeung duit jumlahna saeutik deui. Ti harita Oyon leumpang  teu puguh nu dijugjugna. Teu karasaeun ku geus sajam leumpang, manehna anjog ka hiji patempatan anu deukeut jeung rél kareta api. Tuluy tumpa- tempo ka sabudeureunnana. Katempo ku manéhannana, loba Imah leutik di sagigireun rél kareta api, tuluy manéhna lumampah deui.
Ampir reup-reupan magrib Oyon masih leuleumpangan, geus karasa capé Oyon reureuh heula di hareupeun hiji toko Cina. Meunang sababaraha lila reureuhnna, ngong waé kadengé adzan magrib. Tuluy manéhna ngadeukeutan datangna sora adan. Sanggeus anjog ka masjid Oyon wudhlu pikeun ngalaksanakeun shalat. Meunang lima belas menit manehna bérés sholatna. Oyon bingung kacida, kamana meureun kudu lumampah jeung di mana kudu saré. Harita manéhna nuluykeun lumampahna. Kira-kira jam 9 peuting Oyon reureuh deui di sisi jalan anu kacida raména. Jigana mah aya di puseur kota. Manéhna diuk dina émpér toko. Kawasna mah bakat kucapé , reup waé manehna kasarean di émpér toko. Dina salila saré, teu karasaeun ku Oyon, yén aya jalma anu nyokot duit tina pésakna. Malahan mah nepi ka tengah peuting jongjon waé peureum. Hudang-hudang téh basa kadéngé ku manehna aya anu nyarita tarik. “He, hudang .. hudang … hudang, naha manéh téh wani-wani saré di dieu,” pokna. Oyon nguniang hudang, bari rada kuram-kireum jiga anu ngalinur. Barang nempo kahareupeunnana, aya jelema jangkung gedé anu ngabedega. Pok deui éta jelema nyarita bari ngahaok” Nyingkah siah, ieu mah wilayah aing,” ceuk éta jelema bari nyuntrungkeun Oyon. Singhoréng éta jelema téh preman anu ngawasa wewengkon éta. Dina waktu harita Oyon némal,” Kang, naha geuning kuring téh mani di usir, naha teu meunang  milu reureuh didieu? Jalma anu jangkung gedé téh kalah nyentak,” Hé! Kalah loba bacot meureun hayang kieu, éta jelema kalah ngaheumbatkeun peureupna. Hiuk! peureup anu kawilang buleud téh ngarah kana careham Oyon. Dina waktu harita Oyon teu bisa ngalawan, malahan mah mani ngabangkieng bakat nahan kanyeri. “Ampun kang! Ampuun, Ceuk Oyon bari nyepengan careham anu kaayaannana geus biru tur linu. “Enya siah, montong ngajedog didieu atuh, jung nyingkah! Ceuk manéhna bari melak cangkéng. Oyon ngan ukur unggeuk bari nyengir, tuluy manéhna ngaleos indit ti éta patempatan bari kaayaan ripuh. Di hiji tempat anu rada sepi Oyon eureun, tuluy ulak-ilik sugan aya dus urut anu aya disabudeureun tempat éta. Kabeneran mangih, manehna ngamparkeun dus, golédag waé manéhna ngagolér bari kaayaan anu tunuh. Reup waé peureum tibra nepi ka isuk-isuk. Barang hudang manéhna luak-lieuk ka sabudeureunnana. Ari pék téh geus balawiri ku jelema anu rupa-rupa pamolah. Buhan harita téh wanci isuk-isuk, jadi kaayaannana ramé pisan. Oyon inget can sholat subuh, manéhna néangan masjid nu deukeut. Teu lila manéhna anjog ka hiji masjid anu teupati gedé kaayaannana. Tuluy Oyon wudhu, prak waé sholat meunang 10 menit mah. Sok sanajan geus beurang tetep waé Oyon ngalaksanakeun kawajiban. Sanggeus lekasan shalatna manéhna leumpang  deui teuing arék ka mana.
Salila sajam mapay-mapay jalan, beuteung Oyon karasa lapar jeung caréham karasa nyenyeutan, tuluy manéhna  ulak-ilik ka sabudeureun. Kabeneran aya warteg anu kaayaannana keur ramé pisan. Dina waktu harita Oyon mesen sangu, “Bi, sangu hiji” pokna. Tukang sangu teu nemalan, tuluy waé  nyolongkrongkeun piring ka Oyon. Oyon nyokot sangu sacukpna jeung tahu hiji, celebek waé manéhna dahar bangun anu ngeunah. Sanggeus lekasan dahar tuluy manehna nanyakeun harga sangu,” Bi, sabaraha? Pokna. Sareng naon waé jang?” ceuk tukang sangu. Oyon némal deui,”tahu hiji Bi,” témalna. “Rp 4000,- Jang,”témal tukang sangu. dina waktu harita Oyon ngodok pesakna. Ngan manéhna ngarénjag lantaran duit anu aya dina pésakna geus euweuh. Harita Oyon ngahuleng kumaha nya pipetaeun. Tukang sangu ningali galagat Oyon kitu, tuluy nyarita,”Naha jang, duitna teu aya? Pokna. Oyon nemalan, muhun Bi, raraosan mah artos abdi  Rp 15.000 deui dina saku téh,”. Dina waktu harita aya jelema anu ngangklokan, “Aaah, teu boga duit mah ulah hayang dahar atuh!” pokna bari rada ngécé. Kabeneran harita aya jelema anu kaayaannana geus tengah tuwuh, manéhannana nyarita,’ Tos waé ulah seueur carios! Pokna. Tuluy manéhna tumanya ka tukang sangu,  “ sabarahaeun Bi dahar si Ujang téh?” tukang sangu nemalan,” Rp 6000,- kang,” temalna. Tuluy éta jelema téh ngasongkeun duit ka tukang sangu. Oyon ngarérét ka jelema anu tadi méré urut daharna, malah mah nganuhunkeun pisan. “Hatur nuhun Pak tos kersa mang mayarkeun tilas neda abdi,! Manehna nemalan, “Keun wae Jang, kitu-kitu wae,” pokna. Tuluy Oyon kaluar tina jero warung bari kaayaan siga nu éra ngan beuteung geus teu lapar deui. Manehannana meunang sajongjongan ngahuleng, mikir pilampaheun. Keur ngahuleng, titukangeun Oyon aya nu nanya, “Jang rék ka mana atuh bangun anu bingung? Pokna. Oyon ngarénjag aya anu nanya téh. Tuluy manéhna némalan, “Nyéta Pak abdi teh teu puguh anu dijugjug da teu aya wargi. Eta Jelema  téh bangun anu karunyaeun, pok waé nyarita deui, “ ayeuna badé ka mana atuh?” Tanyana. Oyon némbal deui bari rada ngaheruk, “Duka nya,”
Ti saprak harita Oyon aya niat dina haténa pikeun neangan usaha ku sorangan, ceunah mah usaha naon waé asal halal. Keur jongjon ngahuleng, manéhannana ngarenjag kulantaran aya sora ngagebrak anu pikareuwaseun. Dina waktu harita Oyon ngarérét ka lebah jalan, ari pék teh aya kajadian tabrakan antara mobil sedan jeung treuk. Tuluy manéhna nyampeurkeun kana éta kajadian, geus anjog manehna ngadéngé aya sora awewe anu ceurik, malahan mah aduh-aduhan.Harita Oyon nyampeurkeun ka palebah mobil sedan anu aya asalna sora. Ari pék téh enya wé aya mojang anu kagencét ku stir mobil, meureun bakat ku tarik tabrakannana. Jeung bener deuih kaayaan mobil téh mani gepeng dina palebah huluna. Teu talangké Oyon muka panto mobil, tuluy ningali kaayaan mojang anu kagencét ku stir mobil. Waktu harita sok sanajan rada hésé ngaluarkeun eta mojang, teu burung wé mojang téh bisa di kaluarkeun tina jero mobil. Ngan rada untung kénéh dina waktu harita tatu anu dina awak éta mojang teu pati parna, ngan ukur lécét wungkul dina palebah tarangna. Sanggeus aya di luar mobil Oyon nanya,”Néng emut kénéh teu? Pokna. waktu harita éta mojang némalan bari muringis nahan kanyeri,”emut, ngan ieu sampéan mani nyeri jeung mastaka asa nyeri pisan. Oyon tumanya deui ka éta mojang,”Néng kumaha atuh upami ku akang dijajap ka Rumah Sakit. Ėta mojang ngan ukur unggut wungkul, meureun teu kuat ku nyerina tatu  dina awakna. 
Teu kungsi lila brul waé loba jelema anu nyalampeukeun, meureun panasaran ku kajadian tabrakan. Malah mah salasa urang warga nyarita, “Kumaha kaayaan panumpang mobil sedan? Tuluy ditémalan ku salasaurang deui, “tuh geuning keur digugulung ditulungan ku jajaka, Alhamdulillah geus bias dikaluarkeun tina jero mobil.” Ėta warga nyampeukeun ka palebah Oyon, tuluy tumanya, “Kumaha Jang kaayaannana? Dina waktu harita Oyon némalan, “puguh kang tatuna rada lumayan, malih mah upami kersaeun mah urang bantun ka Rumah Sakit.” Ėta salasaurang warga ngaenyakeun ka paniatan Oyon, malah mah nuduhkeun tempat ayana Rumah Sakit. Malah mah pangmegatkeun mobil anu jurusan Rumah Sakit. Dina waktu harita Oyon mayang éta mojang, tuluy asup kana mobil angkot. Meunang sawatara lila, mobil téh geus tepi ka Rumah Sakit. Oyon turun tina mobil, ngan geus aya di luar manéhna bingung mayar ongkosna. Malah mah kenékna nagih ongkos,”Kang Mana Ongkosna?” dina waktu harita Oyon ngahuleng, ngan untungna éta mojang anu kacilakaan masih sadar kénéh, malah mah nyarita bari nahan kanyeri, “Kang tah aya dina kantong alit abi, manga wé candak! Pokna. Bari rada éra ogé Oyon ngaragamang kana kantong leutik éta mojang, tuluy ngilikan duit récéh.sanggeus aya duit anu jumlahna  Rp 3000, Oyon mikeun duit ka kéndék. Sanggeus anggeus babayar ka kendék, Oyon ulak-ilik kaayaan di Rumah Sakit. Katempoeun ku manéhna yén Rumah Sakit éta teh ngaranna RS Hasan Sadikin. Sanggeus kitu tuluy manéhna mawa éta mojang ka jero Rumah Sakit. Sanggeus aya di pakarangan Rumah Sakit, tuluy manéhna rurat-rérét, katempo aya plang anu aya aksara Ruang Emergensi. Dina waktu harita, geuwat manéhna asup ka jero rohangan. Sanggeus tepi, kabeneran aya perawat anu keur cicing, meureun bagean jaga dina poé harita. Ėta perawat gancang nanya kieu pok-pokannana teh,” De, silahkan masuk ke ruang émérgensi,” kitu pokna bari nuduhkeun ka ruangan anu teu pati jauh ti dinya. Oyon nganuhunkeun ka éta perawat. Manéhna teu talangké, tuluy ngajugjug rohangan anu dituduhkeun ku perawat. Saanjogna ka hareupeun rohangan manéhna tumanya ka jelema anu aya didinya, “ Pak, dupi rohangan émérgensi teh leres ieu?” jalma anu ditanya téh dedeg pangadegna jangkung gedé, jigana mah urang Papua, da cirina kulitna hideung pisan. Manéhna kalah rungah-ringeuh ditanya ku Oyon téh, meureun teu ngarti pananya Oyon. Dina waktu harita Oyon surti, tuluy tumanya deui,” Pak apakah benar ini ruangan émérgensi?” jalma éta némalan sapék ditanya ku bahasa Indonesia, tuluy ngajawab” iya betul pak, saya juga nungguin keluarga saya,” pokna bari nempo ka nu dipangku ku Oyon. Tuluy manéhna teh tumanya deui,” Pak, kenapa ini? Kitu bari nuduhkeun ka palebah wanoja  anu dipangku ku Oyon. “Ini pak, korban tabrakan mobil di jalan Caringin,” Jalma éta nemalan deui,” Ooh iya, tunggu ya pak, mungkin sebentar lagi.” Kitu pokna.
Teu kungsi 10 detik torojol aya saurang lalaki anu maké baju sarwa bodas, kaayaannana bararesih. Meureun éta teh dokter anu ngarawat di ruangan émérgensi, tuluy manéhna nyarita,” mana keluarga Hana? Pokna. “Saya pak,” ceuk jalma anu tadi ngobrol jeung Oyon. “Tabah ya pak, Hana sudah meninggal dunia!” jalma anu tadi bangun anu reuwas, tuluy manéhna nyegruk ceurik, geus teu inget kalalakian. “ Silahkan pak masuk!” ceuk dokter. Teu talangké jalma éta asup ka rohangan. Teu kacaritakeun kumaha sanggeus manéhna aya di jero. Teu kungsi lila, aya anu mawa blankar roda, meureun rek mawa mayit hana téa. Sanggeus mayit di bawa kaluar, Oyon langsung asup ka jero rohangan. Sanggeus di jero wanoja diecagkeun, tuluy di golérkeun dina dipan. Teu kacaritakeun kumaha dokter mariksa wanoja anu di bawa ku Oyon.
Sajam ti harita, Oyon kaluar ti jero rohangan bari ngabéyéng wanoja. Sanggeus aya di luar, tuluy didiukeun dina korsi. Wanoja éta nitah ka Oyon,”Kang, punten kantong ka palih dieukeun!” pokna. Waktu harita Oyon ngasongkeun kantong ka éta wanoja. “Kang, punten pangnaroskeun waragad perawatan abdi ka penjaga lokét!” pokna. “Manga Neng!” ceuk Oyon bari nampanan duit. Dina waktu harita Oyon jiga nu rada éra nampanan duit ti wanoja téh. Meureun pédah teu bisa ku mangrupa duit.
Sanggeus bérés babayar ka pihak Rumah Sakit Oyon jeung éta mojang kalaluar ti jero Rumah Sakit, tuluy maranéhannana ngajanteng di tempat parkir. Katempo duanana ogé bangun nu éra rék nyarita téh. Teu kungsi 2 menit pok waé Oyon miheulaan nanya,” Néng di palih mana bumi téh? Έta mojang nemalan bari neuteup ka Oyon,” Calik mah di Jln. Pasteur anu No rorompokna 32, ceunah bari tuluy tungkul deui. Katempona éta mojang bangun nu éra paadu teuteup téh. Malahan mah manéhna ngagerentes dina haténa,” kunaon aing mani éra pisan ku jajaka téh, jeung asa ratug jajantung deuih,” “Dina waktu harita maranéhannana ngajarengjen wé, teu lémék teu nyarék. Dina pikiran Oyon kasawang, kumaha lamun nanyakeun ngaran ka éta mojang. Pok waé manéhannana nanya deui,” “Néng, dupi jenengan teh saha?” Mojang ngajawab kalayan anu pogot,”Wasta mah Irén, dupi akang saha? Manéhna malik tumanya ka Oyon. “Abdi mah Oyon wasta mah,” témal manéhna  bari nempoan kaayaan di sabudeureun Rumah Sakit. Salila Oyon malaweung, Irén maling teuteup, jiga anu kataji ku réngkak paripolah lalaki anu aya dihareupeunnana. Barang Irén keur neuteup ka Oyon, kabeneran Oyon ogé ngarérét ka Iren. Harita maranéhannana paadu teuteup, bari jiga anu pada éra. Rada lila ogé maranéhannana silih teuteupna. Dina waktu harita Oyon tumanya deui,” Néng dupi bumi téh di gedeng jalan atanapi ka lebet? Irén harita rada ngahuleng jiga anu kasima ditanya kitu ku Oyon. “Kang bumi abdi mah di palih sisi jalan janten milarina ogé gampil., pokna bari anu rada gugup. “oh muhun, kumaha atuh ayeuna, naha badé mulih waé? Tanya Oyon. “Muhun atuh, mung punten jajapkeun abdi, da geuning teu kiat mapahna ogé,” pokna bangun éra nyarita kitu téh. “Manga, wios dijajapkeun ku abdi, mung kumaha abdi téh isin,” ceuk Oyon nyaluyuan kana kahayang Irén. “Wios atuh akang, malih mah abdi anu kedah isin tos ngarépotkeun.” Ceuk Irén bari ngarérét ka palebah jalan jiga aya anu diilikan. Teu kungsi lila Irén nyarita deui, “ Kang pegat tuh mobil,” pokna. Oyon ngarérét ka palebah jalan anu di tuduhkeun ku Irén. Ari pék téh enya wé, aya mobil anu no 16, anu dina plang luhurna téh jurusan Pasteur. Tuluy Oyon ngacungkeun leungeunna, reg waé mobil teh eureun. Clak maranéhannana naék kana angkot, bari Irén mah di béyéng ku Oyon. Jius angkot maju nuju ka Pasteur jeung alamat séjénnna.
Kacaritakeun di tempat séjén anu perenahna di jalan Pasteur, aya hiji Imah anu sigrong. Malah mah kawilang kawas karaton, da di hareupeunnana aya pakarangan anu kacida legana. Malah mah mani ngaréngjréng mobil. Jigana mah Jalma pangeusi imah lain jelema samarangan. 
Di rohangan imah anu lega pisan aya dua jalma anu keur ngobrol, saurang lalaki jeung saurang awéwé anu kaayannana téh geus tengah tuwuh. Singhoréng éta téh salaki pamajikan. Salakina ngaranna Pak Yosép, sedengkeun pamajikannana Rina katelahna. Dina waktu harita maranéhannana keur garunem,kieu gunemna teh, “Pap naha kamana Irén téh? Tos sonten kieu can uih, kitu pokna. Pak yosép ngajawab pananya pamajikannana,” panginten nuju sibuk kuliahna Mam.” “Ah piraku, da biasana ogé tara kieu, sareng haté mama asa  teu raos,” Ceuk Bu Rina bari neuteup ka salakina. Teu kungsi lila aya sora Hp anu disada, sinhoréng téh Hp anu Bu Rina. Dina waktu harita Bu Rina ngangkat telepon, bari langsung nyarita,”Halo, Ass? Pokna. Anu nelepon memalan,”Bu, ieu téh leres sareng keluargana Pak Yosep? Bu Rina némal deui,”Leres, dupi ieu sareng saha? “Abdi saksi  kajantenan tabrakan Néng Iren,” Bu Rina waktu harita kagét jeung gugup, kulantaran ngadéngé béja dina telepon anakna kacilakaan, tuluy Bu Rina tumanya deui,” Pak, dupi tabrakannana di mana? Anu nelepon ngajawab pananya Bu Rina,” Ieu Bu di Jalan Caringin caket Warteng Ma Erot.” “Bu Rina waktu harita nganuhunkeun kanu ngabéjaan anakna tabrakan, ”Hatur nuhun atuh Pak kana informasina, abdi sakedap deui kadinya.” Anu nelepon ngajawab deui,” Bu, Néng Irén téh tos dicandak ku Jajaka ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, malih mah abdi ogé anu  nuduhkeun alamatna.” Bu Rina tumanya deui,” Pak Dupi kaayaan pun anak téh kumaha?” “Tatu dina salira Néng Irén téh Alhamdulillah teu patos parna,” ceuk anu nelepon. “Bu, sakitu waé, assalamualaikum? Bu Rina Ngajawab,”Waalaikum Salaam.”
Ti saprak bérés nelepon, Bu Rina ngahuleng sakedapan tuluy manéhannana tuluy ceurik. Pak Yosép nyampeurkeun ka pamajikannana, bari nyarita,” Mam, keun waé ulah janten sedih, ayeuna mah urang kaditu waé, kumaha kaayaan anak urang téh? “Muhun Pak, manga atuh urang éngal kaditu. Pak Yosép gancang nelepon ka pembantuna, yén geura nyadiakeun  mobil keur indit ka Rumah Sakit.
Kacaritakeun Bu Rina jeung Pak Yosép geus rék indit ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, malah mah maranéhna geus aya dina jero mobil Kijang anu mérk Avanza. Supir mobil atawa pembantuna téa nyarita,”Juragan geuning Enon teh tos sumping,” bari nuduhkeun ka palebah panto gerbang. Pak Yosep jeung Bu Rina ngarérét ka palebah panto gerbang, tuluy Bu Rina turun tina mobil bari ngagorowok, ”Aeh anaking geuning tos mulang deui, bari lumpat nyampeurkeun anakna anu masih jauh. Pak Yosép ogé sarua, manéhannana nyampeurkeun ka palebah anakna. Sanggeus paamprok jeung anakna, gabrug waé Bu Rina ngarangkul Irén bari ceurik ngabangingik. “Anaking, kumaha kaayaan hidep ayeuna, naha teu nanaon?” Irén ngajawab pananya indungna, bari sarua teu kaampeuh ku piceurikeun,” Alhamdulillah Mam Irén salamet, malih mah ditulungan ku Kang Oyon,” ceuk Irén bari nuduhkeun ka palebah Oyon. Bu Rina jeung Pak Yosép ngarérét ka Oyon, tuluy Bu Rina nyarita,”Nuhun atuh jang parantos nulungan pun anak,” Pak Yosép dina waktu harita ngilu némrong,” Mam hayu atuh candak ka bumi, ulah ngobrol didieu,”Sanggeus Pak Yosép nyarita kitu mah, tuluy waé kabéhannana arasup ka jero imah.
Waktu arék asup ka jero imah, Oyon luak- lieuk di sabudeureun imah, meureun hookeun ku kaayaan imah anu sakitu sigrongna. Tapi waktu harita Oyon teu lémék teu nyarék, meureun éra ku anu boga imah. Manéhannana rumasa jalma teu boga, malahan mah kakaraeun asup ka imah anu sigrong kitu mah. Sanggeus aya dihareupeun panto anu ukurannana kacida gedéna, pok waé Pak Yosép nyarita,” Jang manga ka lebet! Kituna teh bari ngarérét ka Oyon. “Manga pak, Hatur nuhun,” ceuk Oyon bari nuturkeun pribumi ka jero imah.
Sanggeus aya di jero imah, Oyon ulak ilik deui kana kaayaan imah anu kacida megahna, malah mah ngagerentes dina haténa,”Ehm, aing kakaraeun asup ka imah anu agréng kieu, mani sagala aya pangeusina ogé,” “Mangga jang calik didieu!,” saur Bu Rina bari nuduhkeun ka palebah korsi anu mérkna dunlovillow. Oyon rada asa-asa rék diuk téh, lantaran tuman diuk ngagépor di lemurna mah, paling untung dina jojodog. Sedengkeun dina waktu harita kudu diuk dina korsi anu kawilang empuk naker. Gék waé Oyon téh diuk bari rada uman- imen.
Sanggeus sababaraha jongjongan tuluy Bu Rina ngagero ka jongosna, “Bi, cai kanggo tamu! Di hiji rohangan aya nu némalan, ”manga juragan isteri,” pokna. Teu kungsi lila, brul waé aya tilu urang awéwé, anu kaayaannana geus karolot, malah  anu hiji mah kira-kira umur 50 tahun. Ėta tilu awéwé téh mawa cai, jeung lalawuhna. Cai anu dina gelas téh lain cai saperti di pilemuran, anu ngan ukur cai hérang atawa cai entéh. Tapi di jelema jegud mah kurang-kurangna téh juice orangé. Salasa urang awéwé nyarita, “Manga Dén dileueut!” pokna, bari ngarérét ka Oyon. Oyon waktu harita némalan,”Mangga, hatur nuhun,! Bari ngarérét kana anu dibarawa ku tilu awéwé éta. Dina haténa ngagerentes,”Ehm, teu salah ieu téh?, éta inuman jeung dahareun mani sagala aya,”gerentesna. Dina waktu harita Bu Rina ogé nyarita,”Mangga Jang dileueut!” mangga Bu,” témal Oyon. Bari ngaragamang kana sagelas cai anu warnana konéng, regot waé diinum. Salila ngaregot cai manéhna ngagerentes deui,”Ehm, cai téh kieu rasana, ngeunah pisan.” Tuluy nunda gelas dina luhur méja anu kaayaannana mani hérang ngagenclang.”Mangga Jang tuang geura lalawuhna,”ceuk Bu Rina bari nuduhkeun kana bolu cokelat anu kaayaannana bangun ngeunah, “Mangga Bu,”temal Oyon bari ngaragamang kana Bolu. “Bismilahirrohmaanirrohiim” Ucap Oyon bari celebek waé manehna ngadahar bolu sakeureut. Katempona   mani peureum beunta nyapék boluna, malah mah meunang dua keureut.
Kacaritakeun lekasan Oyon barangdahar, “Pok waé Pak Yosép nyarios,” Dupi ujang téh kawit ti mana? Oyon némal kana pananya Pak Yosep bari semu éra. “Abdi mah kawit ti Lemur Cigurawés Kecamatan Cigurampél.” Pak Yosép ngan ukur ungut bari malik nempo ka Irén, pok waé tumanya deui. “ Jang bapak mah salaku sepuh Irén, ngahaturkeun nuhun laksaketik kabingahan ka ujang anu  parantos nulungan pun anak.” Oyon némalan kana caritaan Pak Yosép,”Pak ari sareng papada jalmi tos kitu kedahna,” témal Oyon bari semu éra ku Pak Yosép. Da geuning enyana, kaayaan pak Yosep téh matak pikaéraeun jalma anu nyanghareupan. Pak Yosép kawilang jalma anu wibawana gedé pisan, ceunah mah manéhna teh mangrupa jalma anu dipercaya ku masyarakat anu aya diwewengkon éta. Keur mah manéhna kawilang jalma pangjegudna, katurug-turug deuih bageur ka sasama.
Teu kacaritakeun gunemna Oyon jeung Pak Yosép satuluyna. Harita téh  wanci geus nyedek ka Magrib, Oyon amitan rék ka masjid. Pak Yosép ogé gagancangan nyokot sarung jeung kopéah ka kamarna. Ari Irén tuluy nyarita ka Oyon,” kang bilih badé siram!” pokna. “Manga Néng, muhun geuning asa hareudang kieu,”ceuk Oyon. “dupi WCna palih mana? Tanya Oyon. Irén nuduhkeun ayana WC, bari leumpang ngajugjung WC. “Bi, nyandak anduk sareng  raksukan anu saé kanggo Kang Oyon! Caluk Irén ka jongos anu aya di dapur. Celengkeung ti dapur aya nu némalan,”Manga Néng!” kitu temalna. Teu kungsi lila jol waé awéwé kolot anu tadi nyuguhan ka Oyon. “Manga kang ieu anukna,” ceuk Irén bari ngasongkeun anuk jeung baju weuteuh. Duka ti mana éta teh, ngan anu puguh mah lain anduk jeung baju urut. Oyon nampanan anuk jeung baju, bari nempo kaayaannana, malah mah ngagerentes dina haténa,”Ehm, geuning mani wareuteuh kieu,” “Manga atuh kang, abdi mah badé ka payun deui! Ceuk Irén bari neuteup ka Oyon. Oyon némalan, mangga Néng,” ceuk Oyon. Sup waé Oyon ka WC, barang geus aya di jero, manéhna ulak – ilik kana kaayaan WC, tuluy nyarita sorangan,”teu salah ieu téh? WC mani gedé-gedé teuing, Jeung mani sagala aya kieu,” pokna. Ngan basa arék manyur suku manéhna ngahuleng. Tuluy nyarita sorangan,”Kamana caina? Geuning euweuh. Tuluy manéhna kaluar deui ti WC nuju rohangan imah. Geus anjog manéhna tumanya,”Bu, dupi caina palih mana? Pokna. Dina waktu harita, Bu Rina, Pak Yosép katut Irén mésem, tuluy Irén hangkeut ngajawab, “Aéh Akang, mangga atuh dijajap ku abdi,” pokna bari cengkat tina diukna. Oyon nuturkeun satukangeunnana, geus anjog ka WC, Irén asup, tuluy nyarita,” Kang ieu geura!” Oyon nyampeurkeun ka deukeut WC, tuluy nempokeun kumaha ngocorkeun cai. Irén nuduhkeun knop paragi muka shower to shower. Oyon merhatikeun peta Irén eukeur mencét knop. “manga kang dicobi geura!” ceuk Irén bari ngarérét ka Oyon. “Manga Néng,” ceuk Oyon bari nyampeurkeun ka palebah Irén, tuluy lengeunna ngaragamang kana knop. Enya wé sanggeus di pencét téh kaluar cai tina liang anu di luhur. Liangna cai teh ampir teu kaciri, da laleutik tapi loba, kawas carangna parud. Dina waktu harita manéhna ngarénjag, kulantaran cai ngucur kawas cai hujan. Irén tumanya deui,” atos kang? Pokna. Oyon némalan,” Parantos Néng, nuhun atuh.” Irén kaluar deui ti jero WC, “Manga atuh kang!” pokna. Sanggeus Irén ngaleos, Oyon nyobaan deui knop anu tadi di péncét, nepi ka bisana ngaluarkeun cai.
Teu kacaritakeun salila Oyon mani, angeus waé manina. Tuluy manéhna maké baju anu ti Irén téa. Ari hég mani pas pisan, jiga anu meunang ngukur tukang jait. Warna bajuna teh kelir bodas polét biru, sedengkeun calanana mah warna hideung meles. Katempona  pantes pisan dina awak Oyon. Manéhna ngeunteung dina kaca anu aya di WC, tuluy ngagolep ku sisir anu aya didinya. 
Sanggeus bérés, Oyon nyampeurkeun deui ka rohangan hareup. Barang anjog, Irén ngarérét ka lebah Oyon, manéhna neuteup mani anteb pisan. Sigana mah katarik ku dedeg pangadegna jajaka anu aya dihareupeunnana. Malah mah ngagerentes dina haténa, ”geuning kang Oyon téh mani kasép, asa kataji pisan kuring mah.”  Jeung enyana deuih kaayaan Oyon dina waktu harita mani pantes pisan maké bajuna, katurug-turug awakna anu jangkung leutik. Sanggeus tepi ka rohangan imah Oyon nyarita deui, ”Pak, Bu dupi masjidna di palih mana? Pokna. Anu ngajawab pananya Oyon téh Irén, kieu pok-pokanna mah, ”Kang, sareng papah waé, da sami badé berjamaah.” Oyon nyarita deui, ”muhun atuh, manga atu Pak! Ceuk manéhna bari ngarérét ka palebah Pak Yosep. Dina waktu harita Pak Yosép teu ngajawab, manéhna ngan ukur ungut, tuluy nangtung tina diukna, jigana mah rék init ka masjid. Meunang tilu léngkah, Pak Yosép ngahayukeun ka Oyon,”mangga atuh jang,” kitu ceunah bari tuluy ngagedig nuju ka luar imah. Oyon nuturkeun satukangeunnana. Bu Rina jeung irén ngan ukur neuteup ka dua lalaki anu geus miang ka masjid, nepi ka teu katempo deui.
Waktu Pak Yosép jeung Oyon euweuh, Bu Rina nyarita ka Irén, kieu ceunah, ”Anaking, salila mamah ningalikeun paripolah hidep ka jajaka tadi, mamah mah asa curiga yén hidep téh katarik nya? Irén jiga nu reuwas di tanya ku indungna kitu. Tuluy némalan bari rada uga-eugeu, ”ah, mamah mah, henteu atuh,” témalna bari kaayaan beungeut mah mani beureum euceuy. Katempona Irén téh éra meureun, kulantaran kajudi haténa. Indungna nyarita deui,”anaking mamah mah teu nanaon katarik ku jajaka mah, mung urang kedah asak jeujeuhan, da can puguh kaayaan Oyon téh. Irén némal deui,”Muhun atuh mamah, Irén ogé terang.” Pokna bari tungkul. Padahal dina haténa mah geus kataji ku jajaka anu geus nyangkaruk dina haténa. “Muhun, keun ku Mamah urang talék heula, bisi jalma teu pararuguh atawa jalma teu bener, bisa waé manéhna boga maksud anu kurang hadé ka Irén. “mangga mah, abdi mah teu langkung mamah.” Kitu temal Irén.
Teu kungsi 20 menit maranéhna gunem torejol wae Oyon jeung Pak Yosep daratang ti masjid. Harita Bu Rina ngagero ka jongosna, ”Bi sayogikeun tuangeun kanggo tuang wengi!” pokna bari cengkat tina korsi. Ti palebah dapur aya nu nyelengkeung, ”mangga juragan,” témalmna. Teu kungsi lila leut waé tilu urang mawa rupa-rupa dahareun ka meja makan anu aya di rohangan séjén, ngan ieu mah rada béda diantarana mah  sangu jeung deungeunana, éta ogé mani kacida kumplitna.
Sanggeus dahareun ngagelar kabéh, pok waé Pak Yosep nawaran dahar, ”Jang, manga atuh urang tuang sareng!” pokna bari tuluy waé nuju hiji rohangan. Dina waktu harita Oyon némalan,”mangga pak, hatur nuhun kana panawisna. ”témal Oyon bari jiga anu éra pisan. Bu Rina milu némrong kanu jadi salakina, ”Muhun Jang, mangga enging sesah, anggap waé di bumi nyalira,”kitu ceunah bari ngagupay ka Oyon tuluy sarua leumpang ngajugjug rohangan paragi dahar. Bari jeung éra ogé Oyon teu burung nuturkeun dina satukangeunnana, sanggeus anjog ka hiji rohangan, manéhna ulak-ilik deui kana kaayaan éta rohangan, jiga anu helok pisan. Da enya deuih, éta rohangan téh megah pisan, diluhureunnnana aya lampu anu rantuy jeung gedé, mejana ogé tina marmer téa, jaba diluhureunnana  dahareun mani kumplit. Ti mimiti dahareun jeung inuman anu loba rupana. Gek waé saréréa dariuk dina korsina sewang-sewangan. Teu kungsi 5 detik, pok waé Pak Yosép nyarita, ”manga atuh urang ngadu’a heula sateuacan taruang!” Prak waé saréréa ngadu’a heula. Katempona saréréa mani ngalimed pisan daharna. Komo Oyon mah, da beuteungna geus karasa lapar pisan.
Sanggeus beres dalahar kira-kira jam 16.30 maranéhannana ngariung deui di rohangan hareup, malah mah anu mimitian nyarita teh Bu Rina, “Anaking sok atuh geura sayogikeun tempat kulem kanggo Jang Oyon!” Oyon némpas, ”Ah Bu enging, da simkuring mah badé wangsul ayeuna,” pokna. Bu Rina nyarita deui,”Naha Jang Oyon, kamana atuh mulih teh? Ditanya kitu manéhannana ngahuleng, meureun bingung ku pijawabeun. ”jang, wios atuh didieu, da tempat heureut ogé tiasa dua urangeun mah,” ceuk Pa Yosép ngahandapkeun karep. Dina waktu harita Oyon ngahuleng ditawaran kitu ku Pak Yosép, dina haténa ngagerentes, ”Enya, urang teh rék balik ka mana? Kawas aya waé padumukan,” kitu ceunah. “Muhun kang, didieu atuh, ayeuna mah tos wengi,” ceuk Iren bari jiga hariwang mun Oyon balik harita. Teu kungsi lila kadengeaya sora adzan Isya ti masjid anu deukeut. Pak Yosep jeung Oyon carengkat, tuluy indit ka Masjid anu tadi basa shalat magrib. Sanggeus lekasan shalat, Pak Yosep jeung Oyon ngariung deui di rohangan anu tadi. Harita Iren nyarita,”Mangga kang atu ayeuna mah geura kulem,” ceuk manéhna. Oyon némalan,”Ah Néng siang kénéh ayeuna mah, malih mah asa teu acan tunuh,” Bu Rina milu nemrong, ”Anaking, candak atuh ka payun bumi, ngarah Jang Oyon henteu keseleun.” Irén surti kana panitah indungna. Tuluy ngajak Oyon ka pakarangan imah. Oyon teu nolak pangajak Irén, tuluy waé nuturkeun Irén ka mana leosna. Sanggeus aya di pakarangan, anu geuning mangrupa balong anu geus ditata ku mangrupa aksesoris. Malah mah aya saung leutik anu merenah pisan tempatna téh. Kaayaan balongna ogé loba lauk anu cing garibeg, jeung di tengahna ogé aya cai mancur. Pok waé Oyon nyarita, ”Néng, mani éndah kieu kaayaan pakarangan téh, akang mah nembéan ningali.” Kitu ceuk Oyon. Dina waktu harita Irén ngaenyakeun caritaan Oyon. Tuluy nyarita, “Kang kumaha betah calik di abdi?” Oyon ngajawab, ”Duka nya, abdi téh teu kantenan, da geuning sanés urang Bandung jabi maksud anu tangtu teu acan kacumponan. Irén tumanya deui, ”Naha naon kitu pamaksudan akang ka kota Bandung. Dina waktu harita Oyon henteu geuwat ngajawab, jiga keur mikir pijawabeun. Teu kungsi 10 detik, tuluy némalan, ”Nyéta Néng ari maksad mah milarian padamelan, mung geuning rada sesah di kota mah, panginten deuih abdina teu gaduh katiasa.” Kitu pokna. Irén sajongjongan mah ngahuleng ku caritaan Oyon kitu téh, malah mah ngagerentes dina haténa, ”Ehm, kumaha nya lamun sina digawé di perusahaan Papa, kersaeun kitu,” ceuk jero haténa. Tuluy nyarita, ”Kang, kumaha upami didamel di papah, manawi aya pidameleun anu kinten lowong kénéh.” Oyon ngahuleng narima caritan kitu ti Irén téh. Malah mah manéhna némal kieu, ”ah Néng isin atuh ari di damel di perusahaan mah, da geuning abdi mah batan sakieu, malih mah sakola ogé mung dugi ka SMP.” Ceuk manéhna bari ngahuleng. 
Irén jeung Oyon arasup deui ka jero imah, malah mah harita teh geus jam 21.00. sanggeus anjong ka tengah imah, Bu Rina langsung nyarita ka Irén,” anaking, sok geura sayogikeun tempat kulem jang Oyon bilih tos tunuheun,” kitu ceunah. ”Manga Mam! Ceuk Irén bari tuluy nyarita deui,” Kang mangga atuh geura kulem di palih dieu! Ceuk Irén bari ngagandeuang nuju ka hiji rohangan anu teu pati jauh di tengah imah.Oyon ogé nuturkeun kana pangajak Irén, tuluy waé manéhna bébéja ka Pak Yosép jeung Bu Rina, ”Pak, Bu, mangga atuh dikantun heula.” Harita Pak Yosép jeung Bu Rina saur manuk, nemalan kana bébéjana Oyon. “Mangga jang,” ceuk maranéhna. Singhoréng geuning nuju ka palebah kamar anu aya kana 4 kamarna mah. Anu dituduhkeun ka Oyon mah, kamar anu no 1. Kawilang kamar anu leuwih lega jeung alus deuih. Sanggeus aya di hareupeun kamar Irén nyarita, ”Mangga atuh kang di palih dieu kulemna!” ceuk Irén. Oyon ngaenyakeun kana panawar Irén, tuluy waé asup ka kamar. Ari Irén mah balik deui ka rohangan imah bari nyarita, ”Mangga atuh Kang permios, wilujeng ngimpén éndah.” Kitu pokna bari rada ngadilak ka Oyon. Caritaan kitu ti Irén, Oyon ngan ukur seuri bari ulak –ilik kana éta kamar.
Kacaritakeun Oyon cicing di imah kulawarga Pak Yosép, malah mah manéhannana saré di hiji rohangan anu no 1. Kaayaan éta rohangan ogé mani matak hélok keur Oyon mah. Tempat saréna ogé ngaranna téh Springbed anu mewah. Atuh simutna oge anu gede minuhan legana tempat saré. Ameuannana mani seungit katut aksésoris anu can pernah katempo ku manéhna salila nyunyuhun sirah. Ditambah deuih aya méja rias anu buatan Jepara téa, mani endah katingalina ogé. Manéhna jiga anu asa-asa rék ngagolér téh, meureun bisi ngotoran spréna. Da deuih warna spré anu bodas nyacas jiga anu anyar di amparkeun. Ngan lila-lila mah golédag wae manehna ngagolér dina kasur empuk. Sakedapan mah ngararasakeun ngeunahna saré dina kasur busa. Atuda di lemur mah paling untung saréna téh dina samak saheulay, bari kaayaannana ogé geus ladig alias butut. Sanggeus nangkarak dina kasur, manéhna nyawang ka mangsa anu bakal datang, bari ngagerentes dina haténa,”Ehm, aing the geuning ngalaman saperti kieu, diampihan ku jalma bageur tur jegud.” Kitu ceunah. Salila nyawang, manéhna inget kanu jadi indung di lemur, bari tuluy nyarita deui dina haténa,”Ma, geuning abdi ngalaman cicing di imah model kieu, meureun ema mah geus kasawang ku kuring lamun saré. Hapunten ema abdi teu acan tiasa masihan kasugemaan kanu jadi sepuh.” Kitu gerentesna.
Kacaritakeun manéhna  ngaleyep, malah mah saré mani tibra nepi ka subuh. Meureun éta ogé bakat ku capé ku kajadian tadi beurang. “Kira-kira jam 04.00 manéhna nguniang hudang jiga aya anu ngabéjaan, tuluy ulak ilik. Rarasaan the asa ngimpi, da enya  wé meureun, tuman hudang téh nyareri awak balas tempat saré anu teuas kacida, ari ayeuna mani asa cicing dina luhureun tahu atah. Geus kaayaan diuk manéhna ngahintul sakeudeung, meureun ngumpulkeun pangacian anu kabur salila saré. Teu kungsi 5 menit, ngong waé kadéngé adzan Subuh di Masjid anu deukeut. Tuluy manéhna kaluar ti kamar rék nuju WC anu kamari téa. Sanggeus tepi, ari pék téh geus nyampak Irén anu sarua rek ka cai. Ngan WC anu di tuju ku Irén mah beda tempatna. “aéh geuning Akang tos gugah,”kitu pokna. Oyon ngajawab bari rada babalieuran, meureun era pedah can mani. ”Muhun, mani sareng pisan nya, tabuh sabaraha enéng gugah?” ceuk manehna. “Tabuh 4 Kang,” témalna. “Upami kitu mah sareng pisan sareng akang, akang ogé tabuh 4,” Dina waktu harita Irén ngamanggakeun ka Oyon. “Mangga atuh kang, abdi mah ka palih dieu,” kitu pokna bari ngaleos ka WC anu tempatna teu pati jauh ti WC anu ku Oyon dituju.
Teu kacaritakeun dua urang insan anu keur ngaberesihan dirina sewang-sewangan. Kira-kira jam 06.30 kulawarga Pak Yosép ngumpul ngariung, jigana mah arék dahar sarapan. Dina waktu harita katempo dina luhur méja marmer geus ngabarak rupa-rupa dahereun anu kumplit kacida, kayaning : sangu, sayuran, bubuahan, susu, jsb. Lamun di jalma kelas panengah ka handap mah kawilang moal aya.  Sanggeus tatahar mah celebek wé maranéhannana dalahar mani paronyo. Malah, Oyon mah mani segut pisan, meureun ngeunah. Lekasan dalahar kulawarga Pak Yosép tatahar pikeun indit ka tempat pagawéannana séwang-séwangan. Malahan Oyon mah geus saged maké baju anu paméré ti Iren. Mani pantes pisan katempona téh. Buhan Oyon mah boga awak jangkung leutik, rupa anu hadé, nurutkeun wanoja-wanoja babadan manéhannana mah. 
Dina waktu harita Oyon leumpang nuju ka pakarangan imah. Di pakarangan geus nyampak Pak Yosép jeung badégana, jigana mah geus rada lila ngadagoan Oyon. Malah mah Pak Yosép cumarita, ”Jang hayu ah, amih énying kénéh!” Oyon langsung némal,”Manga Pak,” témalna bangun nu éra. Meureun éra kapiheulaan tatahar pikeun indit ka tempat gawé. Clak waé tiluannana numpak mobil sédan anu mérkna téh BMW. Kawilang mobil anu mewah dina usum harita mah. Salila di perjalanan, maranaéhannana uplek paguneman. Jigana mah bari tamba kesel. Anu miheulaan nyarita téh Oyon,”Pak, dupi itu bangunan naon mani mewah kitu?” ceuk manéhna bari nunjukkeun bangunan anu luhurna jiga saté. Pak Yosep gancang némalan,” Oh itu, éta téh ngaranna Gedung Saté, luyu sareng kaayaan bangunan.” Oyon unggut-unggutan ku jawaban anu dibikeun ku Pak Yosép.
Teu kungsi sajam, mobil Pak Yosép geus anjog ka tempat anu dituju. Di gerbang pakarangan aya satpam anu pangmukakeun panto. Malahan mah manéhannana mani manggut ka Pak Yosép, jiga anu hormat pisan. Da jeung enyana, tong boro ka jalma anu boga jabatan, sanajan jelema anu dipikolot mah sok pada mikahormat. Ogé hormat henteuna jalma mah gumantung kana tingkah paripolah urang dina kahirupan sapopoé. Jalma mah, lamun hirup aya dina jalur aturan agama, bakal timul kawibawaan anu moal karasa ku dirina mah. Ngan katempona mah jalama séjén bakal méré sambutan mangrupa tingkah laku anu alusna. 
Sanggeus dipangmukakeun panto, sup waé mobil ka pakarangan. Dina waktu harita Oyon mani bengong mata cileureun, jiga anu hookeun ku kaayaan di perusahaan Pak Yosep téh. Malahan manehannana ngagerentes dina hatena, ”Nyaan geuning Pak Yosép téh lain jelema joré-joré.” Sanggeus aya dina hareupeun gedong anu kawilang gedé, reg waé mobil BMW eureun. Jrut waé anu tiluan tarurun. Dina waktu harita Pak Yosép nyarita,” Jang hayu ah urang ka lebet!” Oyon jiga anu ngarénjag ditawaran ka jero ku pak Yosép téh.” Tuluy nemalan, ”mangga Pak,” ceuk manéhna bari nuturkeun satukangeunnana. Pak Yosép mah mani pantes pisan leumpangna téh, bari ngajingjing tas dines. Ari direktur PT mah geus katempo rigigna téh.
Sanggeus aya dina jero rohangan anu kawilang panggedéna, Pak Yosép ngajak ka Oyon asup kana kantorna. Oyon teu talangke, maranéhannana nurut sakumaha pangajak Pa Yosép. Di jero kantor Pak Yosép, aya sababaraha urang anu diuk dina korsi, salah saurangna hiji awéwé anu dedeg pangadegna hadé pisan jeung pakulitannana mani bodas. Jigana awéwé téh katurunan cina, da beda panonna sipit. Teu kungsi lila manéhannana nyarita, kieu pok-pokannana téh, ”Pak, selamat pagi pak,” Kitu ceunah bari manggut. Pak Yosép némal kana panyambut ti mojang, ”Selamat Pagi sonya.” Singhoréng awéwé éta téh ngaranna Sonya. Tuluy Sonya nyarita deui, ”Pak, ini proposal yang sudah disusun waktu kemarin.” Pak Yosép némal,” iya, simpan saja di méja bapak, nanti bapak kaji lagi. Sok waé Sonya nunda proposal dina luhur méja Pak Yosép. Tuluy manéhna malik bari nyarita,”mari pak saya mau ke meja saya,” Pak Yosép nemalan,” Ya, terima kasih Sonya,” barang sonya malik rék nuju kana mejana, jiga anu kabeneran paadu jeung Oyon anu keur ulak-ilik nempoan kaayaan rohangan. Treup dua pasang panon diadu teuteup. Dua insan anu keur mareujeuhna mangkat begér téh jiga anu dihipnotis. Anu saurang neuteup jiga anu anéh, anu saurang neuteup pinuh ku pamuji. Sonya ngagerentes dina hatena, ”Ehm, mani pantes pisan lalaki anu aya di hareupeun urang, kataji kuring mah, Saha nya?” kitu ceunah.” Meunang 7 detik mah maranéhannana silih pelong. Eureun-eureun téh basa Pak Yosép ngageroan. “Yon, kadieu sakedap, bapak aya piobroleun.” Oyon langsung malik ka Pak Yosép bari nemalan,”Manga Pak.” Ceuk manéhna leumpang ngadeukeutan meja Pak Yosep. Ari Sonya mah leumpang nuju kana méja gawena, bari haténa mah galécok. Teu kacaritakeun naon anu ditepikeun ka Yosép, bérés waé sagala rupana. Malah mah teu karasa waktu téh geus jam 12 beurang. Pak Yosép nyarita ka Oyon anu keur ngadekul mérésan buku anu aya di rohangan éta, “Yon, tos we heula, urang istirahat ayeuna mah.” Pak Yosép cengkat tina tempat diukna, tuluy pindah korsi paragi tamu. Teu sabaraha lila, aya anu keketrok kana panto. Pak yosep nyarita” Ayo silahkan masuk!” kulutrak panto aya anu muka, singhoréng téh Sonya datang deui bari nyarita,” Pak, apakah mau makan siang sekarang? Nanti saya akan suruh pembantu untuk segera mengirim makanan. Pak Yosep némal,” Ya Sonya, ambilkan sekarang, sekalian buat dua porsi karena ada tamu bapak.” Sonya némpas deui, ”Baik Pak,” Ceuk sonya bari rada ngarérét ka palebah Oyon anu keur ngadekul bébérés. Sanggeus kitu Sonya ka luar rohangan deui, jigana mah rék nelepon ka badéga pabrik pikeun nyadiakeun dahar beurang. 
Teu kungsi lila, jol waé tilu urang badéga mawa rupa-rupa dahareun. Jiga-jigana mah dahareun anu ngarareunah. “Yon, hayu ah urang tuang heula, amih jongjon barang damel.” Oyon nunda buku anu keur dicepeng bari nyarita,”manga pak.” Brak waé maranéhannana dalahar bangun anu nikmateun pisan.
Kacaritakeun geus tepi ka wanci soré, Pak Yosép jeung Oyon bébérés pikeun balik. Sanggeus réngsé mah maranéhannana kaluar tina rohangan. Di luar geus nyampak Sonya, anu jig geus surti yén pamimpinna rek balik. Jiga anu mobok manggih gorowong pikeun Sonya, bisa papanggih deui jeung jajaka anu kungsi katempo isuk-isuk. Malah mah manéhna tumanya kieu, “Pak, selamat beristirahat.” Kitu ceunah bari nyolongkrongkeun leungeunna pikeun sasalaman. Oyon ngan ukur némal, ”Ya, terima kasih téh.” Ngan ukur kitu témalna Oyon. Da dina enyana, ari dina haté Oyon mah muji kana kaayaan Sonya, ngan dina haténa nyangkaruk Irén anu geus lila nanceb dina haténa.sonya ngagerentes dina haténa, ”ehm, geuning pamuda téh jiga anu haré-haré, meureun euweuh perhatian ka kuring, ah sugan wé isuk deui da aya kénéh waktu,” kitu ceunah bari manehannana ogé ngaleos teuing ka mana. 
Teu kacaritakeun Pak Yosép jeung Oyon geus aya di hareupeun mobil. Sup waé maranéhannana kana mobil, Pak Yosép diuk di hareup gigireun supir, sedengkeun Oyon diuk dina jok anu ka dua. Jius waé mobil nyemprung ninggalkeu wangunnan perusahaan Pak Yosép. Kacaritakeun tepi wé ka imah, jrut waé Pak Yosép jeung Oyon turun tina mobil tuluy nuju ka imah. Di pakarangan, geus nyampak Bu Rina jeung Irén, anu geus ngadagoan nu balik ti pagawéan. Malah mah, Bu Rina langsung mapag bari nyokot tas nu dibawa ku salakina, tuluy sun tangan heula. Ari Irén mah ngan ukur tumanya kieu, ”Kang, kumaha didamel téh, naha resep?” kitu ceunah. Oyon gancang némal, ”Alhamdulillah Néng.” Bari ngajengjen tukangeun Pak Yosép. Sup waé maranéhannana asup ka imah. Sanggeus di jero Pak Yosép diuk dina korsi jok, sedengkeun Bu Rina gancang mangmukakeun sapatu Pak Yosép. Da enyana geuning, pamajikan mah kudu alus service ka nu jadi salaki.Paripolah kitu téh bakal ngangeunahkeun ka anu salaki. Ogé sabalikna salaki kudu ngangeunahkeun ka nu jadi pamajikan. Kangeunahan éta kudu ngawujud dina kahirupan ruma tangga sapopoé. Nu saenyana geuning ngawujudkeun kulawarga sakinah, mawaddah, warohmah téh kacida beuratna lamun urang henteu ajeg pikeun ngalaksanakeun aturan-aturan nu lumaku.
Kacaritakeun peutingna di imah Pak Yosép, Oyon jeung Irén diuk paduduaan di hareupeun imah. Maranéhannana paguneman sabudeureun kahirupan Oyon jeung kahirupan Irén. Ceuk bahasa gaulna mah Curhat téa meureun. Anu ngamimitian nyarita nyaéta Oyon,”Néng, dupi kulih téh di kampus naon namina? Irén langsung nembal, ”Akang abdi mah kuliah téh di Universitas Pendidikan Indonesia, atawa anu sok disarebut UPI téa. “Muhun,” kitu temal Oyon. Jigana mah Oyon teu pati ngarti sual kuliah jeung kurang apal ngaran sakolana. Dina waktu harita Irén malik tumanya,”dupi akang, kapungkur sakola di mana?” Oyon ngahuleng meunang sakedapan jigana mah rada éra ngabejakeun tamatan sakola téh. Tapi teu burung wé Oyon némalan,”abdi mah kaluaran ti SMP, da sepuh teu tiasa ngawaragadan, saurna mah, bujeng-bujeng kanggo sakola, da kanggo neda ogé sakitu seuseutna. 
Paguneman antara Irén jeung Oyon cukup ngaluangkeun waktu anu lila. Waktu anu érép kira-kira 2 jam, nepi ka jam 9 peuting harita téh. Sanggeus béak piobroleun Irén jeung Oyon nuju ka rohangan tengah imah. Di rohangan imah geus nyampak Pak Yosép jeung Bu Rina anu jiga geus rék cengkat tina diukna séwang-séwangan. Malah mah sananjogna anu duaan, Bu Rina nyarita kieu,” “Jang, Cu, apa sareng mamah mah tos tunuh, sok wé bisi can tarunuh mah paguneman deui atawa nyetél TV.” Irén ngajawab caritaan Indungna, “Puguh Mah, abdi ogé asa tos tunuh ieu téh, duka Kang Oyon mah.” Oyon némpas,” sami we atuh néng, kantenan enjing kedah gugah subuh kénéh,” témal Oyon bari ngajanteng. Sanggeus paguneman mah, maranéhannana asup ka kamar séwang-séwangan. Dina waktu harita Oyon asup ka kamar anu posisina deukeut jeung WC.
Kacaritakeun Oyon geus meunang tilu bulan cicing di imahna Pak Yosép. Kaayaannana bangun anu betah pisan. Malah mah ceuk Oyon mah asa sakeudeung waktu tilu bulan téh.
Dina poé Saptu kulawarga pak Yosép ngumpul deui di tengah imah jiga anu aya dibadamikeun. Anu miheulaan nyarita téh Pak Yosép, “Bu, kumah upami dinten enying urang ameng ka bumina Jang Oyon?” Bu Rina gancang ngajawab,” Mangga Pap, abdi mah ngiringan waé.” Ngan dina waktu harita Oyon mani ngarénjag, kulantaran kulawarga jegud saperti Pak Yosép rek datang ka imahna anu kaayaannana mani walurat pisan. Tuluy Oyon nimrung, “Ah, Pak, Bu isin atuh abi, da kaayaan di rorompok mah moal tiasa nyugemakeun.” Pak Yosép malik ka Oyon, tuluy nyarita deui, “Wios Jang, da Bapak sareng Ibu mah sanés bade ningali bumi, mung hoyong tepang wé sareng sepuh hidep sakantenan ameng milari hawa anu seger.” Oyon nempas deui, “Mangga atuh upami kitu mah, ngiringan waé abi mah.” Temal Oyon jiga anu asa-asa. Dina waktu harita kaayaan pasemon Irén jiga anu atoh, ngadéngé paguneman kolotna jeung Oyon anu dipicangam beurang peuting. Malah mah milu mairan, “Dupi angkatna bade tabuh sabaraha pah?” Pak Yosép nembal kana pananya anakna, “Manawi urang mios tabuh 05.00 wé amih rada enying kénéh dugi ka lemur.”
Kacaritakeun isukna kira-kira jam 04.00, kulawarga Pak Yosép geus tatahar keur piinditeun ka lemburna Oyon. Naon-naon anu kudu dibawa ditembrakkeun, bisi aya anu tingaleun. Duka kumaha balanyana, ujug-ujug loba waé bawaeun téh. Malah mah ampir lima kantong gedé.
Sanggeus Shalat Subuh mah, bral waé kulawarga Pak Yosép nuju garasi mobil. Anu pangheulana tepi ka garasi mah nyaéta supir anu biasa nganteurkeun Oyon jeung Pak Yosép ka tempat pagawéan. Waktu harita pak Yosep nyarita ka supir, “Mang, amih rada éngal mah, urang nganggo jalan tol waé!” supir nembalan, “ mangga juragan,” sangggeus saréréréa saged mah, blus waé arasup kana mobil sédan anu mérkna téh BMW. Oyon diuk dina jok tukang jeung Irén, sedengkeun Pak Yosép diuk di hareup jeung Bu Rina. Jiuss..! mobil nyemprung nuju ka jalan tol sakumaha anu dipikahayang ku Pak Yosép.
Sanggeus nepi ka parapatan jalan tol Padalarang Cileunyi (Tol Panci), mobil BMW téh mengkol ka lebah kénca dina kaayaan lalaunan kulantaran pasalingsingan jeung mobil séjén. Sanggeus aya dina jalan tol anu lempeng tur lega mah, semprung waé mobil digas dina kagancangan 100 km/jam. 
Teu kungsi satengah jam, mobil BMW anu ditumpakan ku kulawarga Pak Yosép tepi ka Cileunyi. Malah mah supir ngurangan kagancangan mobil nepi ka 40 km/jam, kulantaran geus tepi kaparapatan jalan anu nuju ka Cicaléngka. Dina waktu harita Irén nyarita,” Mang, liren heula sakedap, abi badé mésér heula tahu Sumedang!” kitu ceunah bari nempo ka jajaran warung leutik anu daragang tahu Sumedang. Léok waé mobil teh dipéngkolkeun ka sisi, reg waé eureun. Jrut Irén turun, tuluy leumpang nuju warung tahu anu kaayaan warungna téh bararesih. Sanggeus nepi pok nyarita,” Assalamualaikum!” ti lebah jero warung aya anu nembalan, ”waalaikum salam!”  singhoréng anu némalan téh tukang tahu bari kaluar ti jero warung. Tukang tahu tumanya, “mangga atuh, tahuna peryogi sabaraha bungkus néng?” Irén ngajawab, ”sapuluh bungkus Bi,” ceunah bari ngarongkng kana bungkusan tahu anu eusina lima. Tukang tahu nemal deui bari langsung nyokot kérések hideung,”mangga Néng.” Ceunah bari ngawadahan tahu anu geus dipilih ku Irén.
Sanggeus bérés negosiasi tahu mah, tuluy Irén ngodok kantong arék nyokot duit, “Mangga Bi artosna,” ceuk Irén bari ngasngkeun duit anu rupana biru. Singhoréng téh duit anu nilaina Rp 50.000,-. Tukang warung nampanan duit anu diasongkun ku Irén, tuluy manéhna ngodok lokét leutik. Maksudna mah arék mikeun pulangna. “Mangga Néng angsulna,” kitu cénah bari ngasongkeun duit anu nilaina Rp 30.000,-. Dina waktu harita Irén teu loba omong, manéhna nampanan duit, tuluy diasupkeun kana kantong. “Hatur nuhun Bi,” ceuk Irén bari malik nuju kana mobil. Tukang tahu nembalan,”Sawangsulna Néng,”
Sanggeus aya di gigireun mobil mah, Irén asup deui kana jero mobil bari nyarita,” Kang, cekap sakieu kitu?” Oyon némbalan,” cekap atuh Néng, eta mani seueur-seueur teuing.” Irén nempas deui, seueur kumaha Kang, apan perjalanan urang téh lami kénéh,” kitu ceunah bari gék waé diuk gigireun Oyon. Harita mah Pak Yosép jeung Bu Rina teu aya anu nimrung kana paguneman antara Oyon jeung Irén, da maranéhannana talibra saré. Sanggeus Irén diuk mah, jiiuus... mobil téh nyemprung deui nuju ka lemur Cigrawés.
Teu kacaritakeun salila di perjalanan, Kulawarga Pak Yosép anjog ka lembur Cigurawés kira-kira jam 08.00. Kaayaan lembur dina waktu harita keur sepi ku jalma, kulantaran meureun keur digarawé ka sawah, leuweung, wahangan, atawa aya anu ka huma. Mobil BMW téa eureun di jalan ronda, anu teu pati jauh ti imahna Oyon. Jrut maranéhna turun tina mobil bari kaayaan lungleng, maklum geus nyorang perjalanan jauh. Mun di itung mah jarak Kota Bandung ka lembur Cigurawés téh kira-kira 181 km. Pak Yosép, Bu Rina, katut Irén ulak – ilik ka sabudeureun wewengkon lembur, dina haté Pak Yosép ngagerentes kieu,”Ehm, mani wararaas lembur téh, kaayaan éndah téh jeung mani seger kieu hawana, jauh beda jeung kaayaan di Bandung, asa betah pisan kieu mah,” kitu ceunah bari ngawaskeun naon anu aya di dinya. Teu kungsi 15 detik Oyon nyarita,” Mangga atuh Pak urang ngeureuyeh ngabujeng ka rorompok!” Pak Yosép malik ka Oyon bari ngahayukeun kana pangajak Oyon. Harita Oyon leumpang ti hareup, sedengkeun nu séjén mah nuturkeun ti tukang. Meunang meureun 25 detik mah, maranéhna anjog ka imah Oyon. Sanggeus tepi ka hareupeun panto, Oyon uluk salam, ”assalamualaikuum ..., assalamualaikum ...!” Ti jero imah aya nu némbalan,” Waalaikum salaam!” ceunah. Teu lila, kulutrak panto aya nu muka. Singhoréng anu muka panto téh Bi Unya anu Kabeneran  keur aya di imah. Barang Bi Unya nengo ka luareun panto, manéhna colohok matasimeuteun. Jigana mah kasima nempo anakna anu geus lila ningalkeun lembur geus aya dihareupeunnana. “U... u ... u.. jang!” kitu ceunah bari turun tina golodog tuluy lumpat nyampeurkeun ka nu jadi anak. Gabrug waé mararanéhna silih rangkul bari sumegruk ceurik. Dina waktu harita, Oyon ogé teu katahan ku piceurikeun anu geus nyangkrung dina panonna. Sanggeus rada leler, Bi Unya nyarit,  ”Kasép, mangga atuh ajakan tamuna kalebet.” Oyon teu talangké, tuluy ngajak ka Kulawarga Pak Yosép pikeun asup ka imahna.
Waktu harita Bi Unya geuwat balik deui ka jero imah, tuluy asup ka dapur. Maksudna mah Arék nyokot samak pikeun diukna tamu. Sanggeus aya di dapur manéhna ngajewang samak saheulay, bari kaayaannana anu geus rawing sisina. Malah dina haténa ngagerentes,” aduh, kumaha nya? Éra ngamparkeun samak jiga kieu mah.” Meunang 10 detik mah, Bi Unya ngahuleng, tuluy manéhna balik deui ka imah bari ngélék samak rawing, bar waé diamparkeun bari nyarita,”Aduh juragan, hapunten pisan, kaayaan di abi mah kieu, matak pikaisineun, ”kitu ceunah jiga anu éra kacida. Pak Yosép nembalan,” wios atuh Bi, sakieu ogé kirang kumaha,” bari gék diuk dina samak. Sedengkeun nu séjén oge nurutan kawas anu dilakukeun ku Pak Yosép. Bi Unya balik deui ka dapur, pikeun nyokot cai katut lalawuhna. Cai nu disuguhkeun, ngan ukur cai hérang wungkul, sedengkeun lalawuhna mah mangrupa beuleum sampeu jeung gula beureum anu warnana semu koneng. Manga atuh di laleueut!” kitu ceuk Bi Unya. Anu aya didinya saur manuk,”mangga Bi, htr nuhun. Pak Yosép nyarita, “ditampi atuh Bi,” Kitu ceunah bari ngarongkong kana cai tuluy motongkeun beuleum sampeu jeung gulana. “ Asa tos lami yeuh teu menak beuleum sampeu,” kitu ceunah bari ngahuapkeun sampeu bangun anu ngeunah. 
Waktu harita Oyon mah kaluar ti imah, tuluy manéhna nguliwed ka pipir arék nyokot kecrik. Barang anjog kana paragi nunda kecrik, enya geuning aya kecrik anu diwadahan dina jero karung. Tuluy ku manéhna dikaluarkeun. Kaayaan kecrik téh masih kénéh model ti heula, lantaran Oyon mah apik kana barang. Barang Oyon keur ngaluarkeun kecrik, ti tukangeun aya anu nanya,” nuju naon Kang? Ceunah. Oyon malik ka nu nanya, ari hég téh geuning Irén anu nuturkeun Oyon ka luar ti imah. Oyon nemalan,” Aeh Enéng, ieu nuju mérésan kecrik, maksad mah badé ngarungkup lauk kanggo rencang tuang. Irén nempas deui, ”Oooh, kitu, ngiring nya Kang abi! Ceunah bari ngadeukeutan ka Oyon. “ah, Enéng mah rupi-rupi wé, enging ah bilih kotor.” Irén gancang némpas,”Moal atuh Kang, malih mah bangun resep.” Kitu ceunah semu anu ogo. Oyon teu nyarita deui, tuluy manéhna ngajingjing kecrik bari ngajak ka Irén. “Mangga atuh Néng, jalanna ka palih dieu.” Ti harita sapasang wanoja jeung jajaka nuju ka balong anu deukeut ti imahna Oyon. Barang anjog ka tamakan balong, Oyon nyepeng kecrik jiga arék langsung dialungkeun. Ngan waktu harita Irén nyarita,”Kang egké heula enging waka dialungkeun, abi hoyong mantosan.” Kitu ceunah bari ngaragamang kana kecrik anu dicepeng ku Oyon. Oyon ngahuleng sakedapan bari rada geumpeur ogé. Dina waktu harita Oyon ngalungkeun kecrik bari dicepengan ku Irén. Naha atuh, buhan ngalungkeun kecrikna ku duaan, koléang téh duanana tigejebur kana balong, lantaran kecrikna ngait kana suku Irén. Gujubaaar, maranehannana kana jero cai. Tapi katempona mah jiga teu reuwaseun manéhannana téh, malahan mah jiga anu aratoh. Tuluy duanana kalah silih simeuh jiga anu gumbira pisan. 
Kacaritakeun anu aya di jero imah, maranéhna rareuwaseun basa aya anu ngagujubar téh. Tuluy narengo tina janéla tengah imah. Ari pék téh katempoeun Oyon jeung Irén tigejebur tuluy kalah hareureuy. Dina waktu harita, Pak Yosep jeung Bu Rina mung ukur mesem, jiga anu geus surti ka anakna anu keur otel jeung jajaka anu dipikanyaahna. 
Kacaritakeun Bi Unya anu aya di dapur, sarua manéhannana ogé nempo ka lebah balong. Barang ningali kajadian éta kalah ngagerentes dina haténa,” Geuning Oyon téh jiga geus deukeut jeung wanoja téh,” ceunah bari gigideug. 
Kacaritakeun Oyon jeung Irén anu aya di balong, maranéhna nuluykeun ngala laukna. Sanggeus rada lila, lauk téh geus meunang sakorang gedé. Maranéhna hanjat ka tamakan balong bari saleuseurian. “Manga Néng ah, urang beberesih!” Kitu ceunah bari nuyun Irén bangun anu geugeut. Bi Unya tuluy mapag Kadatangan Oyon bari nyarita,”Beu jang urang kumbah ku ema, nyai mangga bilih badé beberesih, tuh palih ditu pancurannana.!” Bari nunjukkeun ka lebah kulon. Enya wé aya pancuran anu kaayaan caina téh mani hérang naker. 
Irén jeung Oyon anggeus beberesih, tuluy asup deui ka jero imah. Kasampak di imah geus ngagelar sangu jeung goréng lauk katut samel goang. Brak waé saréréa dahar bareng. Katingalna bangun anu ponyo naker, maklum geuning anu geus lumampah jauh. 
Dina waktu harita, Pak Yosép mah teu loba nyarita, jiga aya di imahna waé. Malah mah jiga anu watireun pisan ku kaayaan Oyon jeung indungna anu batan sakitu.
Peutingna kira-kira jam dalapan, kulawarga Pak Yosép jeung Bi Unya ngariung di tengah imah. Sok sanajan heurin usik atawa hésé hitut-hitut acan, tapi Pak Yosép jeung anggota kulawargana jiga teu ngarumas. Malah mah mani ngarasakeun pisan ka jalma anu teu boga téh. Dina waktu harita ogé Pak Yosép bebenah ngampar samak di tengah imah, maké bantal jeung simbut saayana. Bi unya ngan ukur bisa sasadu wungkul ku kaayaan kitu téh. Malah mah nepi ka nyarita kieu,”Bapak, hapunten abdi, wiréh teu tiasa nyugemakeun. Pak Yosép nembalan, ”Ibi, enging seueur émutan, panampian Ibi sakulawargi kalintang katampi, malih mah nyugemakeun pisan kanggo abdi mah,” kitu ceunah. Jawaban Pak Yosép matak ngeunah pisan kana haté Bi Unya, malah mah kalah beuki éra kacida ku prilaku jalma jegud anu sakitu muliana.
Satuluyna Pak Yosép muka caritaan ngeunaan maksud datang ka Cigurawés. “Ibi sateuacanna abdi nyuhunkeun dihapunten, kumargi tumorojog tanpa laratan, teu jinjing teu bawa, malih mah lengoh pisan. Pamaksadan abdi téh teu aya sanés, badé magunemkeun ngeunaan nasib pun anak sareng tuang putra Oyon. Dina waktu harita Bi Unya ngahuleng ngaraga meneng, malah mah asa reuwas. Pikirna boa anu jadi anak téh geus ngalakukeun nirca. Tuluy malik nanya ka PakYosép,” Kumaha kitu Bapak? Asa rareuwas simkurung mah. “ Kieu Bi, ieu mah manawi aya dina kasapukan sadayana, jang Oyon kalih pun anak urang dahupkeun waé. Bi Unya gancang némpas,” Aduh Bapak asa isin teuing simkuring, gaduh budak anu batan sakitu, atuh kaayaan simkuring tos kauninga batan sakieu, manawi Bapak mah lepat panginten.” Kitu ceuk Bi Unya jiga anu teu percaya ku kanyataan anu karandapan. Pak Yosép nyarita deui,” eeeeh ari Ibi, leres pisan maksad simkuring sakulawargi téh kitu, numawi jauh dijugjug anggang ditéang malah mandar tiasa ngarobih nasib pun anak kalih tuang putra atanapi urang tikahkeun. Satuluyna Pak Yosép malik nanya ka sapasang wanoja jeung jajaka anu keur ngaregepkeun kana paguneman kolotna sewang-sewangan.
Dina waktu harita Oyon jeung Irén saur manuk nembalan,”Mu .. mu .. hun! Kitu ceunah bangun anu kasima atawa ka hipnotis. Jeung enyana deuih, Oyon jeung Irén jiga anu sahaté dina tujuan pikeun kahirupan satuluyna. 
Teu kacatur paguneman kulawarga Bi Unya katut Pak Yosép pungkas ngabadamikeun ngeunaan rencana jatukrami anak maranéhna. Malah mah geus nangtukeun waktu jeung tempat lumangsungna jatukrami.
Kacaritakeun isukna, Bi Unya ngabéjaan dulur jeung sakabéh jalma anu aya di lembur Cigurawés, yén Oyon arek jatukrami. Dulur-dulurna jeung tatanggana mani milu bungah ku nasib kulawarga Bi Unya. Malah mah ceunah arék milu kabéh ka Bandung.
Beurangna loba jalma anu nepungan ka kulawarga Pak Yosép malah mah umajak sangkan bisa nganjang ka imahna. Pak Yosép ngan ukur ngaenyakeun kana pangajak dulur jeung tatanggana Bi Unya kulantaran dina isuk-isukna ogé aré balik deui ka kota Bandung.
Kacatur cunduk waktu ninggang mangsa, Oyon jeung Irén ngahiji ngarumah tangga di tempatna Pak Yosép. Acara jatukramina ogé mani méwah pisan. Ceuk béja anu bisa dipercaya, waragad jatukrami Oyon jeung Irén téh béak dua miliar.
Salila sataun mah euweuh barébedan kana rumah tanggana Oyon katut Irén teh. Malah mah Irén kakandungan, nepi ka ngalahirkeun budak lalaki anu lucu. Ti harita prak waé Oyon jeung Iren bajoang ngawujudkeun kulawarga sakinah, mawaddah warohmah. 
Kadang wargi, cag  heula sakitu, pidangan carita Oyon. Pamugi urang tepang deui dina carita Oyon bagian ka dua. Assalamualaikum!...

0

Silahkan Tulis Komentar Anda ...

nu ngomentar didieu sing pinter